Sasakala Kai Kaboa

Februari 21, 2011

KABOA kaasup kai langka nu can tangtu kapanggih di sambarangtempat salian di Leuweung Sancang. Malahan tangkal kaboa ngarupakeun kaunikan keur Leuweung Sancang mah. Tangkal kaboa jadi ciri jati diri Leuweung Sancang nu hese dipisahkeun lir ibarat gula jeung amisna. Ari leuweung Sancang teh perenahna deukeut kebon karet Mira Mare ka bawah ka Desa Maroko Kacamatan Cibalong Garut. Mun dijugjug ti garut mah aya kana 118 kilometer. Eta leuweung legana 2.175 hektar. Lian ti loba rupa tatangkalan Leuweung Sancang jadi panonoban sato nu geus jarang langka kapanggih, samodel merak, julang, banteng, maung, jeung mencek. Dina taun 1978 ku Menteri Kehutanan dijadikeun cagar alam jeung suaka margasatwa.

Loba dongengna teh nyebar kamamana. Pangpangna dongeng ngeunaan maung kajjajaden jelmaan ra’yat Prabu Siliwangi ti karajaan hindu Pajajaran anu kakaburan lantaran embung arasup Islam. Lian ti eta tangkal kaboa aya dongengna deuih. Cenah lamunurang asruk-asrukan di Leuweung Sancang tur embung diganggu ku maung kajajaden tea bekel bae kai kaboa. Kumaha cenah dongengna kai kaboa teh ?.

Kacaturkeun

Ceuk ujaring sajarah dina munggaran abad ka 16 M di tatar Sunda aya hiji Karajaan Hindu anu katelahna Karajaan Sunda pajajaran. Ari puser dayeuh Karajaan teh ayana di wewngkon Bogor ayeun.ieu karajaan kacida mashurna nalika dinarpatian kua salah sahiji raja linuhung jenengannana Prabu Siliwangi, nelah nepi ka kiwari. Eta raja kamashur ka awun-awun, kakoncara ka janapria, arif tur wijaksana, peguh tur tukuh kana purbatisti purbajati, nyaeta talari paranti jeung kayakinan luluhur.

Munasabah kaayaan karajaan mangsa dina kakawasaan anjeuna gemah ripah lohjinawi, repeh rapih, rea ketan rea katon. Patanina marukti apadagang sarenang. Kapribadian jeung pasifatan Prabu Siliwangi anu luhur mirip sareng pribadi jeung sifat eyangna, Prabu Niskala Wastukancana nu katelah Prabu Wangi. Prabu Wangi kantos nganarpatian karajaan Sunda Galuh30 nu ngahiyang di Nusa larang.

Prabu Siliwangi sateuacan nganarpatian di karajaan Sunda – Pajajaran., kantos jadi raja di Karajaan Sindang Kasih,31 bagean ti karajaan Sunda – Galuh. Harita mah nami anjeuna teh Prabu Jayadewata atawa pamanah rasa anu nikah ka Nyi Mas  Ambetkasih putri Ki Gedeng Sindang Kasih.

Waktu harita karajaan sunda di bagi dua bagean, nyaeta belah wetaneun wahangan Citarum kaereh ka wewengkon karajaan Galuh nu dinarpatian ku Prabu Dewaniskala, rama Prabu Siliwangi. Ari kuloneun wahangan Citarum kereh ka wewengkon karajaan Sunda, dinarpatian ku Prabu Susuktunggal paman Prabu Siliwangi. Eta dua karaan teh dihijikeun ku Prabu Siliwangi jadi karajaan Sunda – Pajajaran nepi ka burakna dina panungtungan abad ka – 16, ku Prabu Siliwangi pisan puseur dayeuh karajaan dipindahkeun ka wewengkon kota Bogor teh.

Laki rabina sareng putri Ambet Kasih,  Prabu Siliwangi teu ngagaduhan katurunan hiji-hiji acan. Numawi teras anjeuna nikah deui ka hiji istri terah pesantren di wewengkon Karawang, jenengannana Nyi Mas Subang Larang. Nya  ti Nyi Subang Larang anjeuna kagungan putra tilu, nyaeta nu cikal (lalaki) jenengannana Raden Walangsungsang, panengah (istri) jenengannana Nyi Mas Rara Santang. Ari putra anu ka tilu (lalaki), bungsu jenengannana Raden Sagara alias Keyan Santang.

Putra tiluannana eta benten kapercayaan sareng rama. Putra-putrana mah ngagem agama Islam sami sareng tuang Ibu, ari ramana tetep pengkuh ngagem agama luluhurna Sunda Wiwitan. Pabentar paham kayakinan sareng rama eta nu nyabalukarkeun Raden Walangsungsang katut rai-raina lunta ti karaton karajaan. Pamustungannana Raden Walasungsang sareng raina tigin ngantunkeun ibu rama di karaton karajaan Sindang Kasih demi nanjeurkeun syareat Islam di tatar Sunda.

Keyan Santang

Putra katilu Prabu Siliwangi ti Nyi Subang Larang teh Keyan Santang. Julukan Keyan nandakeun anjeuna Putra raja. Keyan teh kocap pendek tina rakeyan nu hartosan putra mahkota. Nalika raka-rakana ngantunkeun karaton Keyan Santang mah masih dina jero patuangan ibuna. Numawi waktos anjeuna dibabarkeun Raden Walangsungsang sareng Nyi Mas Rara Santang tos teu aya di karato karajaan.

Benten sareng raka-rakana Keyan Santang mah leuwih caket ka ramana batan ka Ibu malihan ku ramana dijantenkeun Putra Mahkota nu gaduh hak janten raja ngagentos rama. Numawi atikan-atikan nu nyerep tur ngancik ka diri Keyan Santang langkung seueur ti rama batan ibu nu mislimah. Atikan-atikan eta diantarana ngeunaan hal-hal kakuatan fisik salaku putra mahkota calon raja engkena. Numawi ti aalit di latih kana kagagahan jeung kadugalan ku ramana.

Kacaritakeun Keyan Santang keur meujeuhna rumaja puta, kasep ngalempereng koneng, awak sambada belekesenteng, pait kulit pahang tulang. Hanjakal anjeuna boga sikap sombong, takabur, asa aing uyah kidul. Hiji mangsa barang parantos sawawa anjeuna pernah ngemut

Ceuk emutannana.

“Aing ayeuna geus tamat diajar rupa-rupa elmu. Elmu kagagahan geus kacekel kabeh. Aing henteu teurak ku pakarang tarah raheut-raheut acan. Nepi ka ayeuna aing mah can nenjo getih sorangan. Tapi naha enya ari diajar elmu aya tamatna? Naha enya aing teh panggagahna? Ah, aing panasaran. Aing rek ngalalana, rek nyiar elmu, sugan bae aya keneh elmu anu aing acan nyaho.”

Teras bae Keyan Santang ngalalana. Ngalalana ka mana mendi, wewengkon di pulau jawa kabeh geus kasungsi. Tapi weleh teu manggih hiji jalma nu sanggup nandingan elmu Keyan Santang. Lamparna ngalalana Keyan Santang nya meuntas lautan ka Mekah. Di dinya anjeuna ngadangu, cenah anu luhur elmuna jeung gagah teh Bagenda Ali alias Sayyidina Ali. Anjeuna seja nepangan.

Ari keur angkat tepang jeung hiji sepuh ku eta sepuh Keyan Santang ditaros kamana nya tujuan.

Keyan Santang ngawaler.

“Abdi teh bade nepangan Bagenda Ali. Maksad bade ngadu kagagahan.”

“euh, ari kitu mah hayu atuh dijajapkeun ku Mama, “saeur sepuh teh.

Teras bae Keyan Santang ngiring ka eta sepuh. Sajongjongan barang geus angkat, pok sepuh teh sasauran.

“Aeh, iteuk Mama tinggaleun. Tuh geningan nanceb. Punten pangnyandakeun!”

Enggal Keyan Santang mulih deui, maksada bade bade nyandak teteken kagungan eta sepuh.barang dugi iteuk teh dijewang ku Keyan Santang, tapi pageuh. Tuluy di cabut ditanagaan, bet teu uget-uget acan. Keyan Santang satekah polah nyabut iteuk, nepi ka rey bijil kesang badag kesang lembut.

Sepuh teh nyaketan, bari pok sasauran.

“naha nyandak ieuk teh lami-lami teuing?”

“Aduh Mama, abdi teu tiasa nyandak ieu iteuk.”

Keyan Santang ngaraos salirana kokoprot ku kesang, barang disidik-sidik manahoreng salirana teh rembes ku getih. Gening getih teh beureum, kawas getih nu sejen.

“Majar palay ngadu kagagahan sareng Bagenda Ali, geuning nyabut iteukna oge henteu kaduga!” saur sepuh teh

Manahoreng eta sepuh teh Bagenda Ali alias Sayyidina Ali. Keyan Santang sapada harita nyuuh kana sampean Sayyidina Ali. Tetela jalma mah taya nu sakti, loba keneh elmu nu kudu di ulik. Singket carita, teras be Keyan Santang lebet Islam sarta ngulik rupi-rupi elmu di Mekah.

Kocapkeun tos mang taun-taun Keyan Santang ngulik elmu bag-bagan agama di Mekah, anjeuna dipiwarang mulih ka lemah caina margi parantos dianggap mampu, sareng waktosna nyebarkeun Islam di Pulau Jawa, khususna tatar Sunda.

Pok guruna sasauran

“Keyan Santang! Mama aya picaritaeun ka hidep”.

“Sumangga Mama, bade aya picarioseun naon?” waler Keyan Santang bari enggal ngaketan, gek calik mendeko  payuneun guruna.

“Kieu…………., ayeun geu waktuna hidep mulih ka Pulau Jawa pikeun nyebarkeun agama anyar nyaeta Islam tea?” saur guruna bari neuteup ka Keyan Santang

“tapi samemeh hidep mulih, mama rek ngawaris ngaran kaislaman. Harita hidep geus resmi sabage panganut Islam sajati nu wajib namlegkeunanan kanu sejen. Tah ti semet ayeuna ngaran hidep teh Rohmat Suci.”

Kitu kasauran guruna, ti harita Keyan Satang gentos nami janten Rohmat Suci.

Teu kacatur  di jalanna.

Kocapkeun Keyan Santang nu tos gaduh nami anyar Rohmat Suci warisan guruna, parantos dui di Pulo Jawa, persisna di tatar Sunda. Mimiti anjeunna ngawanohkeun Agama Islam teh ka masyarakat nu harita masih ngagem Agama Hindu jeung Budha. Ayana hidayah Allah Ta’ala nu Maha Suci, seueur warga masyarakat di wewengkon sabudeureun Banten, Karawang jeung wewengkon belah kaler tatar Sunda nu lebet Islam sarta jadi pangiring Keyan Santang.

Kajadian seueurna rakyat Pajajaran nu biluk ka Keyan Santang, kadangu oge ku rajana Prabu Siliwangi. Hal eta matak ngahariwangkeun manah Parbu Siliwangi, sanaos eta teh dilampahkeun ku putrana.

Hiji mangsa, Keyang Santang alias Rohmat Suci nyumpingan ramana di karaton maksad bade ngabujuk supados lebet Islam tapi ditolak ku ramana yen hal eta teh pamohalan cadu keur Prabu Siliwangi lesot tina Purbatisti-Purbajati, ninggalkeun agama luluhur.

Teras Prabu Siliwangi mapagahan putrana.

“Rakeyan Santang, putra Ama. Lamun hidep rek keukeuh nyebarkeun agama anyar eta, prak! Eta hak hidep. Tapi poma ulah dibarengan ku maksa sakarep insun kasasaha oge. Iwal, lamun maranehna ikhlas ku kasadaran sorangan. Lamun hidep ngalampahkeun ku paksaan, hartina geus ngarampas hak nu dengen.”

Tapi sanaos saparantos dipapatahan kitu ku Ramana Keyan Santang tetep bae kana pamadegannana yen eta teh bener. Numawi, aya kana tilu kalina anjeunna ngabujuk ramana supados lebet Islam, namung tetep ditolak pangajak putrana teh.

Lalakon Panungtungan

Hiji poe Prabu Siliwangi ngayakeun sinewaka jeung Papatih nu jenengan Terongpeot, katut para mantri oge para ponggawa di lebet pandopo maksad bade nyawalakeun kumaha tarekah pikeun nyanghareupan putrana Keyan Santang.

Pok Sang Prabu sasauran.

“Paman Patih, oge para Mantri katut Ponggawa! Numawi diangkir linggih ka Pandopo danget ieu taya sanes bade nyuhunkeun bongbolongan ka sadayana kumaha peta nyanghareupan pun anak nu sakitu maksa mirusa ka kaula kudu lebet Islam.”

Cedok Terongpeot nyembah bari ngageser ka payun.

“Kaula nun, Sang Prabu sembaheun sim abdi sadayana! Ampun paralun nu kasuhun, tei pisan-pisan kedah mayunan atanapi ngaluhuran. Nyanggakeun sadaya-sadaya, timbang taraju aya di pangersa Sang Prabu.”

Ngadangu cariosan Patih Terongpeot kitu, Sang Prabu ngamafhum tur surti, teras anjeunna sasauran.

“Lamun puguh kitu mah, danget ieu ulah rek mutuskeun mugi sing disaluyuan ku sadayana nu hadir taya jalan pikeun kula mayunan Keyan Santang iwal ku kudu ninggalkeun ieu karaton ayeuna keneh. Kumaha, Paman Patih ?”

“Kairing, kaulanun!”

Waler Patih Terongpeot sareng para Mantri, oge ponggawa anu saratia saur manuk ka Sang Prabu.

Hasil sawala sapakat yen Prabu Siliwangi katut Para Mantri, ponggawa, Patih oge masyarakat rek ngantunkeun karaton karajaan samemeh Keyan Santang jeung Wadyabalad datang deui ka eta tempat.teras karaton jeung tempat sabudeureunnana ku Prabu Siliwangi dijadikeun leuweung ganggong simagonggong nu eusina maung jeung meong .

Enggeus kiti titis tulis tu nu Maha Suci, naon nu dipihariwang ku Prabu Siliwangi tinekanan. Beja ne ka Sang Prabu yen rakyat Pajajaran leuwih satengahna geus biluk ka Keyan Santang. Sang Prabu jeung pangiringna nu ukur sababaraha puluh jelema nyempetkeun heula ninggalkeun karaton samemeh Keyan Santang datang, ngajugjug ka beulah Wetan, nu mana waktu harita pangaruh Islam di wewengkon eta mah tacan tumerap pisan.

Nalika Keyan Santang sumping ka karaton Karajaan Sunda Pajajaran anjeunna ngaraos kaget kaliwat saking, margi eta tempat nu kasungsi teh bet leuweung galonggongan. Keyan Santang sawatara ngahuleng ngaragameneng kalayan ngamafhum yen sang Prabu ramana, nu sakti manraguna, parantos ngagunakeun ajian halimunan, karaton jadi leuweung gerotan. Teu lami Keyan Santang teras mutuskeun angkat ka beulah wetan, margi numutkeun mata batinna ramana teh lunta ka beulah dinya.

Cag! Heula lakon Keyan Santang nu nuju angkat ka palih wetan wewengkon Bogor. Ayeuna urang nyarioskeun lalampahan Prabu Siliwangi anu nuju lunta tea maksad nebihan Banjar Karang pamidangan puseur dayeuh Karajaan-Pajajaran di daerah Bogor.

Poe ganti poe, minggu ganti minggu. Kocap sang Prabu katut para pangiringna anjog ka hiji wewengkon nu tiis tingtrim endah pamandangannana nu dipinding ku gunung-gunung tur asri palataranna sanajan luhur padataranna. Lian ti kitu eta wewengkon teh sugih ku cai nu curcor di mana mendi margi kasorang ku hiji wahangan gede tur panjang nyaeta wahangan Cimanuk munasabah matak pikabetaheun nu nganjrek anyar pinanggih.

Pok sang Prabu ngadawuh di payuneun para pangiringna.

“Sok tah! Merenah di dieu, urang nyanding heula.”

Cenah ti basa harita ayana ngaran tempat Sanding teh, nu kiwari jadi kalurahan Muara Sanding kaereh ka Kacamatan Garut Kota.

Kumargi para pangiring sang Prabu nuju raos ngareureukeun kacape di eta tempat ampir kapopohokeun yen satemenna maranehna keur aya dina pamuruan Keyan Santang. Dupi sang Prabu hiji Raja pinuja nu boga wiwaha tur komara, sumping pirasat awon ka anjeunna, enggal ngaluarkeun ajian halimunan. Atuh sapada harita les bae sang Prabu katut para pangiringna ngaleungit. Leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Duka kamana jigna eta nu ngaleungit.

Ngan sawatara ti harita nalika Keyan Santang nepi ka eta tempat nu kasampak kari urutna. Keyan Santang kacida ngaraos hanjeluna nu dibuburu mang minggu-minggu teu katimu ngaraoskeun kacape teras anjeunna miwarang wadyabaladna nu mangrewu-rewu teh supaya reureuh heula di wewengkon nu kacida betah tur tumaninah. Dayeh Garut nu padataranna luhur teh di pinding ku gunung-gunung, belah wetan aya gunung Talaga Bodas jeung Karacak beulah kaler Gunung Sadakeling, beulah kulon Gunung Guntur, beulah kidul Gunung Papandayan jeung Cikuray munasabah jadi pangirutan matak moho nu nenjo.

Keun urang tunda di hanjuan siang

Geusan alaeun

Urang simpen di handeuleum sieum

Geusan sampeureun.

Lalampahan Keyan Santang anu reureuh

Ngailangkeun kacapena

Kocapkeun Prabu Siliwangi katut para pangiringna saparantos laleungit muncul ting parentul di hiji wewengkon di beulah kidul ti Sanding eta wewengkon teh katelah Munjul32 kaereh ka Kacamatan Cilawu31

Ti wewengkon eta sang Prabu teu kantos lami nganjrekna, anjeunna teras angkat ka beuh kidul. Parantos sababaraha meter luntana, di hiji tempat para pangiringna kacapean. Awak-awakna laleuleus taya tangan pangawasa ma’lum parantos mangminggu-minggu maranehna lunta ti karaton Karajaan Sunda-Pajajaran. Ninggali kaayaan kitu sang Prabu surti. Teras anjeunna miwarang ka para pangiringna sapada harita supados reureuh heula kabeneran di eta tempat kaayanna lalinduh ku tatangkalan nu baradag atuh genah tumaninah keur anu reureuh ngailangkeun kacape mah.

Tapi orokaya tumibana ku ngarasa cape kabina-bina para pangiring prabu Siliwangi bet kamalinaan. Teu katohyan ku Sang Prabu pangiringna loba nu leleson kapulesan barang sang Prabu ninggal enggal sang Prabu sasauran bari semu ambek.

“Aeh aeh,…. Naha kalah ka pada kerek!” nguping soanten sang Prabu satengah ambek maranehna geuwat harudang, sarta teras nyiapkaeun deui lalampahannana angkat ngidul ti kajadian harita eta tempat teh disebut Padarek34

Sawatara ti harita nalika rombongan Prabu Siliwangi nuluykeun lalampahannana laju ngidul ngadadak sababaraha urang pangiringna ting galoler kapiuhan kacida reuwasna Prabu Siliwangi nyaksian kajadian kitu, pangiringna siga-siga kasurupan.

“Palangsiang boa-boa ieu tempat teh sanget tur angker, aya anu ngageugeuh rek deleka ngaganggu lalampahan kaula.”

Kitu gerentes manah sang Prabu teras bae anjeunna ngamatkeun ajian panyinglar bari nyabut duhung pusaka luluhurna semu alon. Duhung pusaka dihembatkeun ka payuneunna bari semu diacungkeun. Sakedapan nu ngagaloler kapiuhan teh tingkorejat saladar ti geus kajadian harita eta tempat disebut Goler35

Lalampahan Prabu Siliwangi teu saukur nepi kadinya. Sang Prabu neruskeun tujuannana, ngantunkeun eta tempat nyimpang ka beulah kenca ngajugjug lamping Gunung Cikuray.

Reg, sang Prabu ngarandeg sakedapan. Teras anjeunna ngareretan pangiringna bari pok nyarios.

“Waspada……..waspada……waspada…!”

“Musuh bakal ngabongohan datangna!”

Sasauran kitu margi ku anjeunna tos kajudi Keyan Santang moal lami bakal nyungsi ka tempat eta. Ti kajadian harita eta tempat katelah waspada, malah tug nepi ka kiwari jadi ngaran kampung di suku Gunung Cikuray masih kabawa ka wewengkon Kacamatan Bayongbong36.

Kumargi ngaraoskeun kirang aman sang Prabu mutuskeun deui ngantunkeun eta patempatan lungsur ti lamping muru ngidul. Kira-kira geus kaliwat tilu kilometer anjog ka hiji wewengkon nu rada suni tur matak pibetaheun pikeun ngareureuhkeun kacape. Tapi jauh tina panyangka Sang Prabu leuwih waspada anjeunna gaduh pamadegan yen eta wewengkon parantos remen dianggo lalar liwat ku jalmi-jalmi nu ngadon ka lamping Gunung Cikuray.

Pok sang Prabu sasauran

“Poma, montong rek cicing di wewengkon nu bakal katembong ku musuh!”

Katelah nepikeun ka ayeuna wewengkon eta teh Panembong37

Nalika ngantunkeun eta tempat tos sababaraha kilometer mapay jalan pangangonan nuju ngidul, reg sang Prabu ngarandeg bari pok ngadawuh.

“Paman patih, para mantri, ponggawa katut pangiring sadayana nu masih satia. Sigana mah ayeuna urang geus nepi ka tempat suci, nyaeta kabuyutan. Nam, urang nganjrek heula di dinya eta kabuyutan teh titinggal luluhur kaula.”

Kitu dawuh Prabu Siliwangi bari neuteup ka hiji jalan leutik nu nuju ka lamping Gunung Cikuray beulah kidul. Sakedapan para pangiring Sang Prabu teu lemek teu nyarek estu tumamprak sadaya-daya kana kaputusan rajana. Awahing maranehna geus lila pisan kalunta-lunta bagja taya dikieuna pikeun maranehna nalika sang Prabu mutuskeun nganjrek di eta kabuyutan.

“Din, jigana mah ayeuna waktuna urang reureuh laluasa teh.” Ceuk hiji pangiring ka baturna nu ngaran Udin bari leumpang noyod nuturkeun.

“Enya, kawasna mah. Bieu pan, sang Prabu sidik sasauran nya, Par!” jawab udin ka Gopar baturna nu nyarita tadi.

“Lain Din! Katenjona sang Prabu ti kamari jiga nu ngungun bae nya?”

“Puguh oge, kuring bogaan sangkaan kitu teh. Palangsiang sang Prabu jadi peunggas hareupan nyanghareupan Keyan Santang,” jawab Udin bari leumpang beuki lalaunan.

Sabot dua jalma eta gunem catur, teu kanyahoan ari gantawang teh ti beh tonggoh aya nu ngagorowok semu ambek.

“Hei ! Gofar, Udin! Mandeurikeun maneh lalempang noyod kitu naon maksudna?”

Rencag Gopar jeung Udin gancang laleumpangna nyusul baturna nu geus tiheula. Nalika geus nepi ka patih, pok Gopar nyarita.

“Sadaya-daya Kanjeng Patih, sim abdi sareng pun Udin sanes bade mandeurikaun tunu sejen. Nembe teh eta aya gangguan pun Udin nyalingit patuangan. Milarian pacilingan weleh teu aya.

Gopar ngabohong ka Patih nu ngarasa sieun atuh puguh weh Udin ngarasa teu genah oge hayang seuri pajar nyalingit nyeri bauteung padahal mah teu sing.

“Ngadahar naon atuh maneh, Udin! Jeung deui dimana aya pacilingan tempatna oge hara-hareun da lain pilemburan ieu mah.” Ceuk patih Terongpeot bari mencrong ka Udin.

Ari pun Udin ngan pati ngabetem weh bari tungkul, da puguh teu ngarti pasoalanna jig-jig kana nyeri beuteung. Patih Terongpeot malikkeun awakna teu ngadago jawaban Udin bari ngalengkahkeun duan sukuna ngaburu sang Prabu nu tos tebih angkatna. Dituturkeun ku para mantri, ponggawa katut para pangiring.

Singketna

Jog, bae rombongan sang Prabu anjog ka hiji tempat di suku Gunung Cikuray. Perenahna eta tempat rada lengkob, caraneom, tur lalinduh ku tatangkalan baradag sarupaning tangkal Kiara, caringin jeung lame, oge loba dapuran awi gombong jeung awi tali, eta pisan nu disebu kabuyutan teh. Rombongan Prabu Siliwangi pating kurumuy anjog ka eta kabuyutan. Saenggeus pangiring-pangiringna daratang san Prabu sasauran ka Patihna

“Paman Patih, ayeuna mah prak damelkeun heula di dieu bumi patamon sareng bumi padaleman. Bumi patamon pikeun urang nganjrek sareng tempat tatamu. Ari bumi padaleman keur nyimpen barang-barang pusaka luluhur kaula.

Teras Prabu Siliwangi mere ngaran eta kabuyutan Ciburuy, dingaranan ciburuy patali loba buruy dina solokan nu ngaliwat eta kabuyutan. Tug, nepi ka aeuna solokan eta masih aya tur buruyna ge sok rajeun. Sababaraha poe sanggeus rengse ngawangun bumi patamon jeung padaleman malahan ditambahahan dua wangunan nu rada leutik ti dua wangunan nu tiheula nyaeta leuit jeung saung lisung.

Datang ilapat goreng dina impenan sang Prabu, dina impenanna, netelakeun yen Keyan Santang bakal ngarurug eta kabuyutan. Ku hal eta sang Prabu teras mutuskeun rek ninggalkeun kabuyutan Ciburuy lantaran Keyan Santang bakal datang moal lila deui. Sateuacana lunta ti tempat eta, sang Prabu sasauran ka Patih Terongpeot.

“Paman Patih parentahkeun ka sakumna para pangiring nu masih satia ka kaula geura saringsing pageuh kancing saringset pageuh iket pada-pada iatna yen waktuna ninggalkeun ieu kabuyutan ngajugjug tempat pamungkas hiji leuweung ganggong simagonggong di wewengkon pakidulan Garut, nyaeta leuweung Sancang.”

Kitu cenah ceuk ujaring carita Prabu Siliwangi katut rakyatna nu ngan puluhan jelema lunta ti kabuyutan Ciburuy ngajugjug leuweung Sancang38

Lalampahannana ka Leuweung Sancang ngarupakeun tujuan pamungkas lalakon sang Prabu di alam manusa. samemeh sang Prabu lunta ninggalkeun kabuyutan Ciburuy diparentahkeun ka Patih, para ponggawa katut para pangiring yen pakakas pusaka sarupaning kujang, tombak, trisula, keris-keris, badi, bedog, gobang, peso pangot jeung barang-barang pusaka sejenna kudu ditunda di kabuyutan. Maksud sang prabu disimpen di kabuyutan cenah mah ambeh teu musna tur bakal dikawanoh ku anak incu tur turunannana engkena.

Kocapna Prabu Siliwangi parantos lunta ti kabuyutan Ciburuy wanci manjing ka subuh ngabujeng Leuweung Sancang di sisi laut kidul.

Pindah heula carita

Kocapkeun Keyan Santang jeung wadyabaladna geus nepi ka kabuyutan Ciburu. Najan kasusud eta tempat tapi anjeuna henteu manggihan Prabu Siliwangi nu tos lunta. Nu kasungsi ukur titinggal sang Prabu di eta kabuyutan teh. Keyan Santang mutuskeun reureuh di kabuyutan. Bumi Patamon dieusian diangge panganjrekan. Teras Keyan Santang ngadamel tempat sholat tina batu-batu ipis diamparkeun. Dina amparan batu ipis eta anjeunna sering tafakur tur ngadua ka Allah SWT nyuhunkeun dilungsurkeun taofik tur hidayah ka ramana.39

Salian ti eta Keyan Santang gaduh pirasat yen  ramana parantos aya di hiji leuweung gerotan Leuweung Sancang tea. Saparantos kengeng pituduh sang Prabu dimana ayana, Keyan Santang katut wadyabaladna angkat ti kabuyutan Ciburuy ngabujeng Leuweung Sancang.

Dupi Prabu Siliwang sareng pangiringna nalika parantos dugi ka Leuweung Sancang, leuweung geledegan pinuh ku rupa-rupa sasatoan, tur tatangkalan baradag, pok anjeunna sasauran.

“hey, sakabeh rahayat kaula! Lamun aranjeun masih tetep saratia. Tumutkeun pitutur kaula. Ayeuna pisan waktuna urang salin rupa. Poma ulah rek malik, nempo ka tukang ti semet ieu.”

Cenah lamun maraneh malik ka tukang moal panggih jeung rajana, tegesna Prabu Siliwangi. Samemeh salin rupa sang Prabu nyieun kalimah dina hiji tangkal kai diturih ku peso pangot make aksara Sunda buhun, nu unina kieu.

“Kaboa panggih, kaboa mola

Tapak lacak kaula ku anak incu.

Rengse nyieun kalimah eta Prabu Siliwangi salin rupa jadi maung loreng gede pisan para pangiringna sami kabehanna salin rupa jadi maung ngeusian Leuwueng  Sancang.

Kocap carita.

Nalika Keyan Santang nepi ka Leuweung Sancang teu aya nu kasampak iwal hiji tangkal kai nu geus ditulisan kalimah ku Prabu Siliwangi tea. Atuh kacida hanjelu tur handeueulna manah Keyan Santang. Sakedapan ngahuleng ngaragameneng bari ngagerentes dina manahna.

“Ehm…. Rama Prabu. Naha nepi ka milih tilem jadi siluman batan kersa lebet Islam. Agama nu nyalametkeun dunya jeung akheratna. Hapunten Ama! Putra sanes maksa mirusa namung ieu mah demi Al-Haq.”

Kitu cenah gerentes hate Keyan Santang nu nuju ngungun paturay jeung Rama  dina mangsa pabentar paham saterasna, Keyan Santang mulang deui kalayan nganjrek di hiji tempat suku Gunung Karacak, kalebet wewengkon Kacamatan Karangpawitan dugi ka pupusna kiwari nelah makamna nu disebat makam Sunan Godog Suci.

Kacaritakeun di jaman ka ayeunakeun aya sababaraha urang jelema ngadon moro di Leuweung Sancang. Di Leuweung eta maranehna manggih hiji tangkal kai. Dina eta tanggal kai teh aya kalimah ku aksara Sunda Buhun nu tutulisannana geus ruksak ngan aya hiji kecap nu masih ka baca dina mimiti kalimah nyaeta, kaboa.malahan nelah nepi ka kiwari di leuweung Sancang loba tangkal Kaboa.***


Si Kabayan Dicukur

Februari 21, 2011

SI Kabayan teh kandulan pisan. ari kandulan teh jahe=jago he-es (beuki sare), teu kaop nyangkere atawa nyarande sok ker wae terus kerek.

Sakali mangsa Si Kabayan teh di cukur. di cukurna handapeun tangkal gede disisi jalan. Ari tukang cukur teh ruruntuk dalang, tadina hayang jadi dalang tapi teu kataekan, kalah jadi tukang cukur. Teu wudu payu nyukurna teh da eta ari nyukur sok bari ngadalang.

Si Kabayan ti barang gek diuk dina korsi panyukuran geus lelenggutan wae nundutan. Saperti biasa tukang cukur teh ari ceg kana gunting jeung sisir tuluy wae ngabuih… ngadalang, pok na teh…. “Tah kacatur keun di nagara Alengka, rajana jenengan Dasamuka…. ari dasa hartina sapuluh… ari muka eta hartosna beungeut atanapi raray… “. Si Kabayan nu keur ngalenggut ngarasa ka ganggu ku nu keur ngadalang, bari heuay Si Kabayan nyarita “pondokeun wae mang…”  trek-trek tukang cukur teh ngaguntingan buuk Si Kabayan bari pok deui… ” ari geus kitu… eta Dasamuka teh bogoh ka Dewi Sinta, geureuhna Sri Rama… ” “pondokeun wae mang…”ceuk Si Kabayan nyaritana selang seling antara inget jeung heunteu bakating ku tunduh, teu lila reup deui sare….. lilir sakeudeung, tukang cukur teh keur ngadongeng keneh, ..” urang tunda Dewi Sinta nu keur di Alengka, sabab di paling ku Rahwana…. kacaturkeun Sri Rama….” Si Kabayan asa ka ganggu sarena terus nyarita bari lulungu “pondokeun mang….”….terus reup deui peureum. trek..trek tukang cukur ngaguntingan buuk Si Kabayan bari nuluykeun ngadongengna. ari tiap Si Kabayan lilir, tukang cukur teh keur ngabuih keneh wae ngadalang, Tapi ari leungeunna mah tetep teu eureun-eureun ngaguntingan buuk Si Kabayan. Si Kabayan keuheuleun pisan sabab sarena kaganggu ku sora tukang cukur, nu sakapeung sok ngagerem nurutan sora buta atawa ngajerit nurutan sora Dewi Sinta basa di paling ku Rahwana… antukna Si Kabayan ngambek ka tukang cukur bari nyarita ” ceuk aing ge pondokeun…pondokeun…” tukang cukur nembalan “dipondokeun kumaha ieu geus lenang kieu..” ari ret Si Kabayan kana eunteung enya wae sirahna geus gundul teu sa lembar-lembar acan, puguh wae Si Kabayan teh ambek “nu dipondokeun teh dongeng maneh lain lain buuk aing…” Si Kabayan morongos, tukang cukur nembalan bari nyentak “bongan sorangan, naha atuh sare wae batur di gawe teh, lain nuhun di embohan ku dongeng teh…” ngan hing wae Si Kabayan teh ceurik bakating ku handeueuleun jaba ari balik ku barudak di poyokan bari di abring-abring “…penjol….penjol….”***


Si Kabayan Ngadeupaan Lincar

April 5, 2010

SI Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.

Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.

Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.

Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.

“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.

Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.

Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.

“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”

Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”

Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.

“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.

Si Kabayan kacida atoheunana.


Si Kabayan Ngala Tutut

Maret 28, 2010

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”

Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.

Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”

Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”

Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.

Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”

Tina Lima Abad Sastra Sunda.


Sasakala Situ Bagendit

Februari 15, 2010

DI wewengkon Garut aya talaga nu ngaranna kawentar ka mana-mana, nya éta Talaga Bagendit. Kacida kajojona téh. Saban poé Ahad tawa poé pakanci raména téh luar biasa. Ti nu deukeut ti nu jauh jelema téh mungguh merul nu rék ngadon sukan-sukan, babakuna lalayaran.

Cék sasakala mah, cék dongéng nu sok didongéngkeun deui, éta Talaga Bagendit asal muasalna kieu:

Baheula, geus rébuan taun ka tukang, aya hiji randa beunghar katelah Nyi Endit. Ieu téh saenyana mah nénéhna, da ngaranna sajati mah Nyi Bagendit. Manéhna téh kacida pisan kumedna. Geus taya nu bireuk deui kana kakumedanana. Salian ti pakacar-pakacarna mah tara aya nu lar sup ka imahna. Éstuning lain babasan éta mah hirup nyorangan téh. Kajaba ti teu aya nu ngawawuhan, Nyi Endit téh mémang jalma nunggul pinang, geus teu kadang teu warga, hirupna téh éstuning nunggelis. Ari beungharna téa mah tétéla. Béh kebonna béh sawahna, imahna gé panggedéna di salembur éta mah. Turug-turug ngahaja mencilkeun manéh, ngababakan di tengah pasawahan, nu upluk-aplak. Maksudna teu aya lian, ku bawaning embung campur jeung babaturan, da sieun kasoro téa. Teu kitu mah atuh moal disebut medit.

Kacaturkeun keur usum panén. Di ditu di dieu ceuyah anu dibaruat. Ka sawah Nyi Endit gé réa nu gacong. Ari saréngsé dibuat jeung sanggeus paréna di ka leuitkeun, sakumaha tali paranti, Nyi Endit nyieun sedekah ngondang lebé jeung sawatara tatangga. Popolahna saniskara ku sorangan, teu aya nu ngabantuan. Barang geus tarapti, sakur nu mantuan ngakut tuluy diondang, ngariung tumpeng. Atuh nu ngariung téh nepi ka aya ratusna, tapi sadia tumpengna teu sabaraha, nepi ka ngan sakotéap geus bérés bari tingkarétap kénéh.

Keur meujeuhna balakécrakan, solongkrong aya aki-aki bongkok nu nyampeurkeun. Ku pribumi teu ditari teu ditakon, nya pok aki-aki waléh, yén teu kawawa ku lapar, sugan aya sih piwelas. Ana gantawang téh Nyi Endit bet nyarékan, nyéklék-nyéklékkeun, pajarkeun téh taya kaéra, teu ngahutang gawé, ménta bagéan.. Tungtungna nepi ka nundung, aki-aki dititah nyingkah. Cindekna mah geus lain picaritaeun.

Aki-aki indit bari jumarigjeung, bangun teu nangan. Méméh indit manéhna ngomong kieu, “Sagala gé boh ka nu hadé boh ka nu goréng, moal taya wawalesna.”

Ngomongna kitu téh bari kasaksian ku sakur nu aya di dinya.

Saréngséna, nu dalahar tuluy amit rék baralik. Kakara gé pating laléos, rug-reg ngarandeg, sabab aya nu tinggarero: “Caah! Caah! Cenah.

Henteu kanyahoan ti mana datangna cai, ngan leb baé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geus teu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé. Nyi Endit gé nya kitu, niat rék nyingkirkeun cai, tapi barang rék kaluar ti imahna, cai téh nepi ka lir ombak laut tinggaruling ka palebah Nyi Endit. Imahna terus kakeueum méh laput.

Nyi Endit angkleung-angkleungan, bari satungtung bisa mah teu weléh-weléh sasambat ménta tulung. Tapi henteu kungsi lila jep baé jempé, sihoréng geus tikerelep. Imahna gé geus teu témbong. Sumawonna sawahna nu upluk-aplak geus aya di dasar cai. Lembur sakuriling bungking geus salin rupa jadi talaga, anu nepi ka ayeuna disebut Talaga Bagendit téa.

Tina Lima Abad sastra Sunda


Sasakala Cau Manggala Aya Sikian

Februari 13, 2010

JAMAN baheula, cau Manggala kamashur minangka cau pangeunah-ngeunahna. Pangpunjulna ti antara sakabéh cau. Amis, pelem, jeung seungit melenghir. Katambah bisa asak sorangan dina tangkalna, teu kudu hésé meuyeum model cau séjénna.

Nya ku lantaran kitu, cau Manggala teu meunang samanéa dipelak jeung didahar. Jaman harita, cau Manggala husus tuangeun Kangjeng Raja. Tong boroning somah, cacah kuricakan, dalah bangsa ménak ogé, anu lain kulawedet raja mah, teu meunang melak jeung ngadahar. Cau Manggala wungkul dipelak di kebon kagungan raja. Wungkul tuangeun raja. Saha nu ngarempak éta aturan, bakal ditibanan hukuman anu beurat kacida.

Kacaturkeun dina hiji mangsa, pangeusi nagara kaserang panyakit murus. Kolot-budak, awéwé-lalaki, sakur nu katerap, taya nu manggapulia. Karasa sore paéh peuting, karasa isuk paéh beurang téh enyaan. Dukun lepus, paraji sakti taya nu mampuh ngungkulan. Ubar jeung jampé pamaké taya nu metu.

Ngan kulawedet raja anu salamet téh. Saréhat belelejag baé. Atuh basa paragegedén laporan, yén pangeusi nagri gempar ku panyakit murus, raja malik teu suka. Paragegedén diseukseukan, pajar mere laporan palsu. Bakat ku napsu-napsuna raja, sakur gegedén nu laporan diasupkeun ka panjara, sabab dianggap ngahianat jeung ngawiwirang wibawa raja.

“Mun enya gé rahayat gempar, kakeunaan panyakit, meureun kami ogé kudu katépaan,” kitu pamadegan raja.

Ku ayana éta kajadian, sakabéh pangeusi nagri, taya nu wani betus. Kanyeri jeung kapeurih maranéhna, disaridem baé ku sorangan. Panyakit beuki mahabu. Nu maot beuki loba.

Barang kaayaan geus parna pisan, torojol aya hiji resi. Ngahaja lugay ti patapaanna, lantaran teu téga ningali kawaluratan rahayat. Dawuhan resi, “Piubareun panyakit murus téh nya eta cau Manggala!”

Rahayat atoh teu atoh dibéré piubareun téh. Atoh ku ayana pituduh. Teu atohna, sabab padaapal, apan cau Manggala mah teu meunang didahar ku rahayat. Lamun aya nu wani-wani ngarempak, hukuman pati bagéanana.

Tapi teu burung réa nu nékad. Ceuk maranéhna, “Ku panyakit murus urang téh paéh! Ngadahar cau Manggala sarua paéh! Pati-pati paéh ogé teu panasaran ari geus diihtiaran mah! Hayu batur, urang ngarala cau Manggala piubareun!”

Der cau Manggala kagungan raja téh diranjah ku saréréa. Am didalahar. Enya baé matih. Panyakit murus dadak sagala cageur.

Barang kaémpér-émpér ka karaton, yén pelak cau aya nu ngaranjah, raja teu kinten werana. Laju maréntah, sangkan nyarék nu jadi ulon-ulonna.

“Kaula nu tanggung jawab. Kaula sayaga narima hukuman ti raja,” Sang Resi gancang nyérénkeun diri ka gulang-gulang, bisi utusan raja meubeut-meulit ka rahayat nu teu tuah teu dosa.

Putusan raja, resi ditibanan hukuman gantung di kebon cau.

“Saméméh nyawa kaula paragat, kaula hayang nyarita heula ka balaréa,” resi ngasongkeun panuhun, samémé logojo nalikeun tambang.

“Cik pok omongkeun naon paménta anjeun téh!” raja ngidinan.

Bari ngarawu keusik, terus diawurkeun ka lebah dapuran cau, resi sasauran, “Ti mimiti poé ieu, cau manggala lain ngan wungkul dahareun raja, tapi kum kadaharan balaréa! Malah raja mah jadi moal beukieun, kajaba lamun salin jinis jadi cocodot!”

Tamat kasauran resi, sakedét nétra, raja sakulawarga salin jinis jadi cocodot. Hiber tingkeleper bari ricit disarada. Ari Sang Resi teukanyahoan ngiles, duka ka mana.

Ti harita, cau manggala jadi loba sikian. Tapi tetep pada mikaresep, kaasup ku cocodot téa. Atuh hasiatna, angger, bisa dipaké ngubaran panyakit murus.***


Lutung Kasarung

Februari 12, 2010

KACATURKEUN di nagara Pasir Batang, Prabu Tapa Ageung ti praméswari Niti Suwari kagungan putra tujuh, istri wungkul. Nu kahiji kakasihna Purbararang, nu kadua Purbaéndah, nu katilu Purbadéwata, nu kaopat Purbakancana, nu kalima Purbamanik, nu kagenep Purbaleuwih jeung nu katujuh Purbasari.

Ngaraos parantos sepuh, Prabu Tapa Ageung ngersakeun ngabagawan, badé tatapa di leuweung.

Nu dicadangkeun ngagentos ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara téh lain Purbararang putra cikal, tapi bet Purbasari, putra bungsu.

Atuh munasabah baé, Purbararang asa kaunghak. Amarahna teu katahan, asa dihina asa ditincak hulu. Purbasari diusir ti dayeuh dibuang ka Gunung Cupu.

Kacaturkeun di Kahiangan, Guruminda, putra déwata cikalna, titisan Guriang Tunggal, ngimpén gaduh garwa anu sarupa jeung Sunan Ambu. Saur Sunan Ambu, “Jung, geura boro pijodoeun hidep. Aya nu sakarupa jeung Ambu. Tapi…ulah torojogan, anggo heula ieu raksukan…lutung!”

Janggélék Guruminda minda rupa jadi lutung, katelah Lutung Kasarung.

Kocap deui di nagara Pasir Batang. Prabu Tapa Ageung ngersakeun hayang tuang daging lutung. Nya nimbalan Léngsér kudu mentés Aki Panyumpit ngala lutung ka leuweung.

Aki Panyumpit gasik ngasruk leuweung néangan lutung. Tapi dadak sakala, leuweung jadi sepi taya sasatoan. Bororaah sato kayaning peucang jeung lutung, sireum ogé taya nu ngarayap cék wiwilanganana mah.

Aki Panyumpit téh méh pegat pangharepan. Barang rék mulang, dina tangkal peundeuy bet kabeneran manggih lutung keur guguntayangan. Ari rék disumpit, celengkeung téh lutung nyoara: “Éh, Aki, bet kaniaya. Ulah disumpit! Kuring téh rék ngaku bapa pulung ka Aki. Hayang betah di dunya, hayang nyaho anu dingaranan karaton.”

“Sukur atuh, sok geura turun,” walon Aki Panumpit bengong, aya lutung bisa ngomong. Singhoréng Lutung Kasarung téa. Déwata minda rupa turun ka dunya.

Lutung Kasarung dibawa ku Aki Panyumpit, dihaturkeun ka karaton. Tapi barang rék dipeuncit, taya pakarang nu teurak. Sang Lutung teu bisa dirogahala. Tungtungna mah, saur Ratu, “Léngsér pasrahkeun baé ka anak kami, sugan butuh keur pibujangeun.”

Nya atuh ku Léngsér dipasrahkeun ka Purbararang. Ari walonna téh bet: “Daék sotéh ngabujangkeun, lamun jalma nu utama. Mun lalaki turunan mantri, ari lutung mah sangeuk teuing!” Deregdeg léngsér ka putra nu kadua, teu ditampa. Ka anu katilu, nya kitu kénéh. Pajarkeun téh, lain teu hayang nampa, ngan sieun ku Si Tétéh.

Léngsér mulang deui ka Purbararang, pokna téh,” Nya sok baé atuh, bisi pajar nampik pasihan rama.”

Lutung kasarung tetep di karaton. Belenyeng lumpat ngintip para mojang nu lalenjang keur ngagembrang ninun.

Keur jarongjong ninun, ari koloprak téh taropong Purbararang moncor ka kolong balé.

“Cing Adi, pangnyokotkeun taropong!”

“Ih, Tétéh, apan boga bujang lutung,” Cék Purbaleuwih.

“Cing lutung pangyokotkeun taropong di kolong balé!”

Deregdeg lutung lumpat. Ulang-ileng, top taropong dicokot. Ari béréwék téh dibébékkeun mani jadi lima, sor disodorkeun!

“Jurig lutung, taropong aing sabogoh-bogoh dibébékkeun! Léngsér! Teu sudi kami mah, anteurkeun Si Lutung ka Si Purbasari di leuweung!”

Jut Léngsér turun, Lutung unggeuk, tuluy nuturkeun. Lutung Kasarung ditampa ku Purbasari.

“Éh Mama Léngsér, geunig Si Tétéh aya kénéh adilna. Kajeun lutung, tamba suwung. Kajeun hideung, tamba keueung nu di leuweung. Kajeun goréng, tamba jempé nu nyorangan. Hatur nuhun béjakeun ka Si Tétéh.”

Tutas haturan, Léngsér mulang ka karaton.

Caturkeun di sisi leuweung. Purbasari ngagolér dina palupuh sabébék, di hateup welit sajalon. Lutung kasarung ngangres ningal kaayaan putri. Rep Sang Putri disirep.

“Utun, urang saré jeung kaula. Kula mah banget ku tunduh!”

“Oaah, Sang Putri, lutung mah tara saré jeung manusa, bisi geuleuheun!”

Reup Putri Purbasari kulem tibra pisan.

“Éh, deudeuh teuing. Putri téh nalangsa pisan. Aing rék nénéda ka Sunan Ambu, neda sapaat para bujangga, niat misalin Sang Putri meungpeung saré,” gerentes Lutung Kasarung, Guruminda mamalihan.

Raksukan digédogkeun, bray baranang siga béntang, kakasépan Guruminda kahiangan. Panejana tinekanan, sajiadna katurutan. Jleg ngajenggléng karatonna, leuwih agréng ti nagara. Purbasari dipangku, diébogkeun dina kasur tujuh tumpang, disimbut sutra banggala, disumpal ku benang emas. Janggélék Gurumiinda jadi lutung deui, tapakur di sisi balé kancana.

Kabeungharan jeung kamulyaan Purbasari di gunung kasampir-sampir ka nagara. Purbararang, nu goréng budi ti leuleutik, nu goréng lampah ti bubudak, beuki tambah sirik, beuki tambah ceuceub. Rupa-rupa akal dikotéktak, sangkan aya alesan keur ngarah pati Purbasari.

Mimitna Purbasari diperih pati, kudu bisa mendet parakan Baranangsiang, leuwi Sipatahunan. Mangka saat sapeuting. Mun teu bukti teukteuk beuheung keur tandonna.

Ku pitulung Lutung Kasarung, dibantu Sunan Ambu jeung para bujangga, ieu tanjakan téh laksana.

Tuluy Purbasari dititah ngala banténg ti leuweung. Ku kasaktén Lutung Kasarung, banténg téh katungtun ku Purbasari ka nagara.

Purbasari dipentés nyieun pakarang tatanén étém bingkeng jeung jarum potong, jeung ditangtang pahadé-hadé ngahuma. Geus tangtu Purbasari dibéré pasir anu pangangar-angarna, ari Purbararang mah di tempat nu hadé. Tapi Purbasari unggul kénéh.

Rupa-rupa ékol Purbararang, antukna Purbasari diajak pangeunah-ngeunah olahan, paloba-loba samping, papanjang-panjang buuk, pageulis-geulis rupa. Tapi rayat jeung jaksa nagara mutus teu weléh Purbasari anu unggul.

Tungtungna Purbararang pinuh ku haté dir jeung ujub, ngajak pakasép-kasép beubeureuh, Sagoréng-goréngna beubeureuh manéhna, da pubuh manusa, kakasih Indrajaya. Sakasép-kasépna beubeureuh Purbasari, lutung.

Purbasari éléh, tenggekna kari saketokkeun diteukteuk.

Cunduk kana waktuna, Lutung Kasarung manggih putri panyileukanana. Putri nu sasorot jeung Sunan Ambu, Purbasari. Lutung Kasarung ngagédogkeun raksukanana, baranyay hurung, janggélék jadi Guruminda deui.

Indrajaya ngamuk, tapi teu bisa majar kumaha, kaungkulan kadigjayaanana.

Purbasari ngadeg ratu di Pasirbatang, jadi praméswari Guruminda. Ari Purbararang jeung sadérékna nu opat deui, dihukum kudu jadi pangangon. Indrajaya mah dihukum jadi pangarit, dibekelan arit timah. Ngan anu pangais bungsu, Purbaleuwih, anu welasan ti baheula ka Purbasari, ditikahkeun ka Ki Bagus Lembu Halang, ciciptaan tina raksukan Lutung Kasarung jadi papatih di Pasir Batang.


Dalem Boncel (2)

Februari 12, 2010

Ku Ki Umbara

Isukna.

Beurang naker Si Boncél karék indit manggul sundung, rék ngarit ka reuma. Ku lantaran beuteung kosong tacan kararaban kadaharan, manéhna ngarasa nahnay nanjak ka pasir téh. Barang datang ka mumunggang, gék diuk handapeun tangkal waru, reureuh heula. Pikirna ngerik taya hinggana, ras inget kana kamalaratan kolotna, katambah ari boga dunungan ku teu aya pisan tinimbangan.

Tuluy Si Boncél ngagéléhé kana canir, sirahna diganjel ku leungeunna, ngararasakeun beuteung rocop. Mimitina mah panonna mencrong baé ka langit, nénjo méga nu tingarudat bodas. Tapi teu karaseun deui, reup baé manéhna saré. Teuing sabaraha jam lilana, inget-inget sotéh pédah reuwas katinggangan cihujan patingkareclak kana tarangna.

Koréjat manéhna hudang, kop arit kop sundung rék ngarit, bari gasak-gisik culang-cileung bakating ku reuwas, tapi teu bisa kumaha, da ari breg téh hujan saperti meunang nyicikeun ti langit téh saenyana.

Manéhna ngiuhan deui handapeun waru téa. Tapi ku sabab hujan sakitu ngagebrétna, pakéanana rancucut, manéhna mucicid tiriseun.

Rét nénjo panonpoé geus rék surup, harita geus reup-reupan. Ras inget kana jukut keur parab kuda, tacan meunang sakeupeul-keupeul acan, ari awak ngadégdég kabulusan. Bararaal bawaning ku tiris, boraah bisa ngulangkeun arit.

Katambah-tambah hujan taya pisan raatna. Si Boncél kacida sieuneun ku dununganana, upama balik téh tangtu disiksa. Dina ingetanana moal salah deui tangtu bakal digebugan ku popongkol saperti baréto, mun kanyahoan ku dunungan léngoh téh.

Ku sabab sieun dipergasa ku dununganana, ku Si Boncél henteu dipikir deui, harita kénéh gilig pikirna rék minggat saparan-paran.

Geus harieum beungeut téh nekér kénéh baé manéhna nanjak dina jalan satapak. Sakapeung mabal totorobosan kana sela-sela dapuran kaso. Ingetanana kop maung kop badak, henteu ngingetkeun kacapé, henteu ngingetkeun kasieun, suku kacugakan ku cucuk-cucuk ogé henteu dirasa, tina hayang geura jauh. Inggis aya nu nyusul, atuh leumpangna ogé sering cungas-cingeus, rarasaanana mah asa jol – asa jol baé dununganana.

Ku lantaran harita kabeneran poék bulan, taya harepan bisa laju lumakuna, tina teu nyaho ka mana piloseun, kawantu asruk-asrukan di nu bala. Tungtungna reg Si Boncél ngarandeg, ngarahuh ambekanana bawaning ku ripuh, peurih beuteung teu puguh rasakeuneunana.

Kabeneran baranyay kingkilaban, brek katénjo teu jauh ti dinya aya saung ranggon sisi reuma. Ripuh-ripuh ogé maksakeun manéh muru ranggon téa rék ngadon saré.

Ku lantran ranggon réyod, atuh teu kaur reup saré, katambah-tambah awakna nyareri jeung suku raméd ku cucuk, Si Boncél téh cindukul baé. Ari geus baranang béntang mah, bari ngurutan suku téh nginget-nginget pilampaheun.

Curucud cipanonna, inget ka indung bapana, piceurikeun mani asa ngagarenduk karasana, bawaning ku nalangsa. Ras kana takdir, mana balangsak kabina-bina teuing.

Rebun-rebun kénéh geus indit deui, turut-turut leuweung maju ngétan. Dina ingetanana ka mana baé pibraseunana mah, asal ulah kalarung balik deui ka urut tadi.

Barang keur ngabaheuhay handapeun kihiang dina léngkob, kadéngé anjing manting ngéngkéngan ti kajauhan, haok paninggarana hawar-hawar. Koréjat Si Boncél cengkat bawaning ku bungah, neges-neges ka mana tujuna udagan éta anjing. Beuki lila beuki deukeut sora anjing téh. Rupana geus kana mumunggang pasir. Si Boncél taki-taki, nyekel gegendir tina tangkal kopi. Tétéla mencek téh lumpatna ka lebah manéhna, da puguh liliwatanana. Hok Si Boncél milu ngahaokan, pokna, “Huhhh, huhhh, huhhh! Wah, wah, wah-wah-wah, huhhh!”

Nénjo aya nu megat, mencek téh malik ka tukang gok jeung anjing-anjing nu ngarudag, mogok wé…nyamberan anjing-anjing. Anjingna parelit, marantingna deui bari ngalalingker kana tunggul, atuh ana disamber téh jleng nyingcet.

Ninggal seukeutna sihung mencek anu kawas loncér, moal salah sakali nyamber ogé mun keuna kana beuheung atawa kana kekemplong Si Géboy, tangtu sapatna. Tangkal tepus mah rabeng kawas dicacar ku parang seukeut baé.

Kabeneran dina mencek keur meujeuhna ngopépang, jol paninggaran nu ngaping anjing-anjing daratang, ngurumuy ti nu bala.

Barang mencek nénjo jelema, cul anjing-anjing, biur nyamber jelema. Tapi bubuhan paninggaran, rikat pisan nyingcetkeunana, bari habek puhu ceuli mencek téh diteunggeul ku gegendir. Bru baé rubuh, diburu ku anjing ditekuk. Geus kitu mah mencek nu keur ngaléhléh téh lékék baé dipeuncit ku paninggaran. Ayeuna anjing nu ngégél ngancing kana punduk mencek téh dikuprak-kuprak sina lésot. Mencekna dijungjungkeun, da disontrolan baé ku anjing.

Mencek téh henteu direcah harita. Sanggeus ditalian sukuna dua-dua, nu hareup jeung nu hareup, nu tukang jeung nu tukang, tuluy dicorok ku dahan kai, rék digotong guluntunganana.

Barang keur récok kénéh calacarita paburu téh, kurumuy Si Boncél nyampeurkeun.

“Euleuh, gedéna, nya Mang! Paingan anjing-anjing teu waranieun narajang!”

“Enya, Jang. Tuh mani lebur kitu urut mogokna ogé.”

“Ku kuring dipegatan mah, mana balik deui ogé ieu mencek téh. Tadina mah rék mabal ka ditu ka lebak,” ceuk Si Boncél.

“Enya, osok sagala kabeneran puguh ogé, ari hadé indit-inditan téh, kawantu numbuk di naga numpi. Ari Ujang anu ti mana, mana hideng mangmegatkeun udagan Emang?”

“Tebih rorompok mah ti Kandangwesi.”

”Ambu-ambu, na mana lampar teuing? Ari ayeuna nu matak aya di leuweung luwang-liwung keur naon?”

“Puguh kapaider kuring téh. Tos lima poé asruk-asrukan. Atuh teu kararaban sangu pisan dina jero lima poé téh, ngan ngadahar bongborosan wungkul.”
Karunya teuing, atuh ayeuna ogé hayang dahar, nya? Pék geura dahar kadinyah! Tah, da gedé timbelna mah, jeung sambel bubuk deuih geura. Uyah mungkus, tuh dina bungkusan jimpo. Kop ka dinyah, entong asa-asa!

Celebek Si Boncél dahar, diriung ku paburu sabaturna, cacamuilan mani ngalimed, poho dikaéra.

“Ari geus dahar mah, milu baé jeung Emang ka Pamijahn, ulah apruk-aprukan di leuweung, kuriak diseupah badak Cipatujah engké!” ceuk paburu nu pangkolotna.

Ahirna Si Boncél nya milu ka Pamijahan. (Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)


Dalem Boncel (1)

Februari 8, 2010

Di tutugan Gunung Giriawas aya hiji lembur. Lembur leutik sarta nenggang, henteu gegek ngan opat-lima imah. Boh imah boh pakaranganana bararesih sarta raresik. Éta lembur katelahna Kandangwesi. Imah anu sajolan ti jalan, potongan garduh ngupuk, lain panggung maké kolong saperti nu lian. Anu bogana lain pituin urang dinya, tapi nu bubuara enggeus lila.

Di buruanana Éta imah rajeg lima-genep pangelatan manuk titiran laluhur, tihangna gombong saleunjeur-saleunjeur. Dina lebah saung kurungna maké papaés nanagaan dialus-alus, maké dicét sagala.

Di tepas imahna téa ogé rantuy kurung titiran: aya anu dicét beureum, aya anu diérmas, aya nu dirarawisan sarta digantungan tiiran-tiiran muté, éndah pisan. Manukna aya puluhna, balegér.

Méh unggal isuk waktu haneut poyan, anu bogana sok andekak dina babaléan di buruan, mani déngdék-déngkdék baé ngadéngékeun manuk anu keur ngarelak disarada patémbalan; bari ngagigirkeun cikopi lekoh ngebul, ngelepus udud.

Tampolana mun Si Pacar keur ngelak mah, lat poho kana ngenyot udud, da éta cenah lebar sieun kaliwat dina lebah lengketekungna.

Bujang-bujangna ogé sok nyalampeurkeun marilu nanggap sora manuk ngelak, ngayunkeun karesep dunungan; da ngalarti mah henteu.

Unggal Jumaah Kaliwon, najan aya gawé baku anu perlu ogé bujang nu namina Bangsa mah, teu kudu nyabak pagawéan séjén, da kapeto kana ngamandian manuk, sabab ngan Ki Bangsa anu tabah kana ngurus lilinggeran titiran mah.

Aya deui pangabogoh éta jalma téh, kana kuda. Manéhna bogaeun kuda jalu bulu daragem. Gedoganana henteu jauh ti imahna, beulah katuhu nyanghareup ngidul. Kacida dipikanyaahna kawantu kuda satria Pinayungan, béjana mah.

Demi nu ngurus éta kuda aya nu ngabaku, nya éta bujangna budak ngora anu siga kolot, pangawakanana cengkrang, namina Boncél.

Dina hiji poé pasosoré, sanggeus Si Boncél neundeun sundung, karék pisan datang tas ngarit, ujug-ujug haok baé dicarékan ku dununganana, sarta teu antaparah… kerewek ceulina digoéngkeun tuluy dikusrukkeun ka jero gedogan, “Ténjo ku sia naha éta rarapén ngabayak diantep baé? Naha éta nu nguyumbang teu diberesihan? Ngedul sia, henteu tulatén kana ingon-ingon! Kumaha lamun éta kuda gering, rék dikumahakeun ku sia? Tara apik, tara ngagugu kana papatah dunungan!”

“Teu acan baé, Juragan. Kapan abdi téh nembé dongkap pisan mentas ngarit.”
”Wah, ngalawan sia ka dunungan téh, kalah ka hakan baé ari gawé goréng. Sia moal dibéré nyatu ku aing.”

”Unggal soré unggal isuk ogé disapuan ku abdi. Ayeuna ogé badé diberesihan. Tong maké nyarékan.”

“Ah, sia melid, ngahaja baé sina bala ngarah kuda aing paéh, ambéh sia henteu ngarit. Budak ngedul, siah!? Bari ngomong kitu téh… jekok najong kana bobokong Si Boncél. Atuh Si Boncél nepi ka tijongjolong méh tikusruk kana tataban.

Poé éta Boncel henteu meunang timbel, atuh ngongkrong teu barang dahar nepi ka isuk deui.

Diparak jeung disiksa kitu téh ku dununganana teu sirikna unggal poé. Tapi lain ku lantaran goréng pagawéan, ieu mah ku sabab bengisna nu jadi dunungan baé, pédah tadina aya pasendatan jeung bapana, alatan hutang.*** (Hanca)

(Tina Dalem Boncel, karya Ki Umbara)


Ciung Wanara

Januari 31, 2010

KACATURKEUN di Karajaan Galuh. Anu ngaheuyeuk dayeuh waktu harita téh nya éta Prabu Barma Wijaya kusumah. Anjeunna boga permaisuri dua. Nu kahiji Déwi Naganingrum, ari nu kadua Déwi Pangrenyep. Harita duanana keur kakandungan.

Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi Pangrenyep diganti ku anak anjing, nepi ka saolah-olah Déwi Naganingrum téh ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.

Mireungeuh kaayaan kitu, Sang Prabu kacida ambekna ka Déwi Naganingrum. Terus nitah Ki Léngsér supaya maéhan Déwi Naganingrum, lantaran dianggap geus ngawiwirang raja pédah ngalahirkeun anak anjing. Déwi Naganingrum dibawa ku Léngsér , tapi henteu dipaéhan. Ku Léngsér disélongkeun ka leuweung anu jauh ti dayeuh Galuh.

Ari kandaga anu dipalidkeun téa, nyangsang dina badodon tataheunan lauk Aki jeung Nini Balangantrang. Barang Aki jeung Nini Balangantrang néang tataheunanana kacida bungahna meunang kandaga téh. Leuwih-leuwih sanggeus nyaho yén di jerona aya orok alaki anu mulus tur kasép. Gancangna budak téh dirawu dipangku, dibawa ka lemburna nya éta Lembur Geger Sunten, sarta diaku anak.

Kocapkeun budak téh geus gedé. Tapi masih kénéh can dingaranan. Hiji poé budak téh milu ka leuweung jeung Aki Balangantrang. Nénjo manuk nu alus rupana, nanyakeun ka Aki Balangantrang ngaranna éta manuk. Dijawab ku Aki éta téh ngaranna manuk ciung. Tuluy nénjo monyét. Nanyakeun deui ngaranna. Dijawab deui ku Si Aki, éta téh ngaranna wanara. Budak téh resepeun kana éta ngaran, tuluy baé ménta supaya manéhna dingaranan Ciung Wabara. Aki jeung Nini Balangantrang satuju.

Ayeuna Ciung Wanara geus jadi pamuda anu kasép sarta gagah pilih tanding. Ari endogna téa, disileungleuman ku Nagawiru ti Gunung Padang, nepi ka megarna. Ayeuna geus jadi hayam jago anu alus tur pikalucueun.

Dina hiji poé, Ciung Wanara amitan ka Aki jeung Nini Balangantrang, sabab rék nepungan raja di Galuh. Inditna bari ngélék hayam jago téa. Barang nepi ka alun-alun amprok jeung Patih Purawesi katut Patih Puragading. Nénjo Ciung Wanara mawa hayam jago, éta dua patih ngajak ngadu hayam. Ku Ciung Wanara dilayanan. Pruk baé hayam téh diadukeun. Hayam patih éléh nepi ka paéhna. Patih dua ngambek, barang rék ngarontok, Ciung Wanara ngaleungit. Dua patih buru-buru laporan ka raja.

Ari Ciung Wanara papanggih jeung Léngsér. Terus milu ka karaton. Nepi ka karaton, Ciung Wanara ngajak ngadu hayam ka raja. Duanana maké tandon. Lamun hayam Ciung Wanara éléh, tandonna nyawa Ciung Wanara. Sabalikna lamun hayam raja nu éléh, tandonna nagara sabeulah, sarta Ciung Wanara baris dijenengkeun raja tur diaku anak.

Gapruk baé atuh hayam téh diadukeun. Lila-lila hayam Ciung Wanara téh kadéséh, terus kapaéhan. Ku Ciung Wanara dibawa ka sisi Cibarani, dimandian nepi ka élingna. Gapruk diadukeun deui. Keur kitu datang Nagawiru ti Gunung Padang, nyurup kana hayam Ciung Wanara. Sanggeus kasurupan Nagawiru, hayam Ciung Wanara unggul. Hayam raja éléh nepi ka paéhna.

Luyu jeung jangjina Ciung Wanara dibéré nagara sabeulah, beulah kulon. Dijenengkeun raja sarta diaku anak ku Prabu Barma Wijaya Kusumah. Ari nagara anu sabeulah deui, beulah wétan dibikeun ka Hariang Banga.

Ku Kabinékasan Ki Léngsér, Ciung Wanara bisa patepung deui jeung indungna nya éta Déwi Naganingrum.

Lila-lila réka perdaya Déwi Pangrenyep téh kanyahoan ku Ciung Wanara. Saterusna atuh Déwi Pangrenyep téh ditangkep sarta dipanjarakeun dina panjara beusi.

Hariang Banga kacida ambekna basa nyahoeun yén indungna geus dipanjara ku Ciung Wanara. Der atuh tarung. Taya nu éléh sabab sarua saktina. Tapi lila-lila mah Hariang Banga téh kadéséh ku Ciung Wanara. Hariang Banga dibalangkeun ka wétaneun Cipamali. Tah, harita kaayaan Galuh jadi dua bagian téh. Kuloneun Cipamali dicangking ku Ciung Wanara. Ari wétaneunana dicangking ku Hariang Banga.

Tina Pangajran Sastra Sunda, karya Drs. Budi Rahayu Tamsyah.


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.