Wawacan Gagak Lumayung (II)

Februari 21, 2011

Durma

89. Harita ge tihang tos ngadeg sadaya, cek sakaol mah teu lami, nu babantu dongkap, turta teu diwartosan, sumpingna estuning Goib, kocap sampurna, sadayana tos tarapti.
90. Kacarios harita teh Kiansantang, nyaur salebeting galih: ,Aing teh wiwirang, geus eleh ku tongkat, kawirangan dua kali, komo mun perang, ngayonan Bagenda Ali.
91. Seunggah temen ngayonan di danalaga, pasti airig moal mahi, batan tambah wirang, moal tulus ngayonan, letjwih hade aing indit, ayeuna ngejat.” Kiansantang tarapti.
92. Nenjrag bumi maksad bade ngawang-ngawai-ig, nembe ngambul sakedik, namung henteu kebat, lir abot salirana, nyerelek bet lungsur deui, ngadampal lemah, biur deui ragrag deui.
93. Tujuh kali ngapungna teu yasa kebat, kasiku ku Kangjeng Nabi, kasaktenna cambal, ngahuleng Kiansantang, ngerik lebeting panggalih, apes salira, harita rek nerus bumi.
94. Seug diwejang ajian ka sapatala, dongko rek lebet ka bumi, mung bumi teu suka, rata teu aya lawang, handeueul cisoca mili, suda tanaga, kantun lesu tulang sandi.
95. Karaosna lir udur nu opat bulan, ukur bisa usik nialik, teu aya tanaga, bet apes pangawasa, aji sisip henteu malih, palakiahna, cambal teu aya pangaji.
96. Kantun rasa anu nandangan wiwirang, diri nu ngaraos nyeri, kaduhung pohara, nganggo angkat ka Mekah, tamaha parantos jadi, dalah kumaha, teu aya jalan deui.
97. Kiansantang sumaur lebeting manah: ,Henteu sangka, awak aing, ayeuna kasoran, pahlawan Pajajaran, apesna di Puseur Bumi, ajian musna, duh aduh kumaha diri.
98. Lamun kieu moal balik ka nagara, taya gunana saeutik, rek taluk ayeuna, sakalian rek Islam, kasaksi ku awak aing, Islam teh mulya, Agama Hindu teu hasil.
99. Komo jaga ayeuna ge geus wiwirang, geuning kaciri kabukti, ayeuna mah luas.” Eta kitu manahna, harita teras ka Nabi, angkat ngarayap, seuseut-seuat rek dugi.
100. Kangjeng Nabi mariksa ka Kiansantang, gentrana alon tur manis, matak bingbang manah: ,He Prabu Kiansantang, naon anu kapigalih, pangadeuheusan.” Kiansantang nyaur tadim.
101. ,Kaulanun agung bebendu gamparan, mugi Widi Kangjeng Gusti, hatur kairegan, reh abdi teh rumasa, sagala rupi tos sisip, sadaya-daya, bade tumut Jeng Gusti.
102. Rehna abdi ayeuna teh nyepeng buda, mugi ku Gusti ditampi, maksad serah badan, hoyong salin Agama, tumut Islam anu Suci, moal rek mulang, ka bali geusan ngajadi.”
103. Harita ge ku Nabi tos ditarima, diwur-uk Kalimah-kalih,’ Jeng Nabi ngadua, supados padang manah, Kiansantang bingah galih, nya ti harita, diwuruk bagbagan Ilmi.
104. Siga koneng katetesan apu inya, diajarna siang wengi, estu cengeng pisan, diwuruk ku Sohabat, siang wengi pili genti, ngaosna Quran, sakapeung ku Kanjeng Nabi.
105. Diwurukan Hakekat sareng Tarekat, Maripat nya kitu deui, nguyab kana Kitab, Kiansantang calakan, kapaham sagala limi, padang manahna, henteu kasmaran galih.

Asmarandana

106. Kacarios anu mukim, iigaosna di nagri Mekah, tos sataun laniina teh, Kitab parantos katatab, ngarakitkeun salira, tambih diasih ku Rosul, nyeungceum nasehat utama.
107. Harita gentos kakasih, pasihan ti Rosullulah, Sunan Rohmat nelahna teh, barang dina hiji mangsa, nuju kempel sadaya, sami marek ka Jeng Rosul, ngajajar para Sahabat.
108. Sadayana tungkul ajrih, Gusti Rosul teh miwarang, ka S,,inan Rohmat nu anom, harita ngaos Sahadat, nyobian Mujijatna, harita keneh ngagugu, Sunan teh ngaos Sahadat.
109. Bari peureum tekad Suci, henteu lami Sunan beunta, manahna teu kinten bengong, rehna benten titingalan. Kersaning Nu Kawasa, aya di tempat kapungkur, nya eta di Pulo Jawa.
110. Ngusap raray bari Dikir, tetela sanes impenan, ngaleketey inanahna teh, harita teras sasambat, bari rambay cisoca: “Aduh Gusti Kangjeng Rosul, jisim abdi na kumaha.
111. Sinareng Gusti patebih, teu sangka kabina-bina, mung kantun hate cumantel, naha Gusti teh ngadoja, atanapi ngabuang, naon dosa abdi atuh, mugi Gtisti ngahampura.”
112. Sunan Rohmat sedih kingkin, emut ka Gusti Panutan, abong parantos Papasten, nincak deui ka Pakuan, manahna seseblakan, melenguk kantun gegetun, hate asa didudutan.
113. Melang nineung ka Jeng Nabi, jung ngadeg Susunan Rohmat, ti dinya tch kebat mios, angkatna mili cisoca, ku margi ngenes manah, harita asa pahatu, patebih jeung nu disembah.
114. Rajeun pendak sareng jalmi, nyeta urang Pajajaran, namung ka Sunan teu naros, rehing sadaya kalinglap, ningali panganggona, teu siga Gagak Lumayung, Senapati Pajajaran.
115. Harita panganggo Haji, nganggo jubah sareng dastar, numawi taya nu nyaho, kebat lampah Sunan Rohmat, majeng ngulon nu angkat, lampahna semu ngalamun, jol dugi ka Ujungkulan.
116. Mendak tempat rada suni, gek calik Sunan di dinya, kana kai pek nyarande, nyawang lampah nu kasorang, bari ngembeng cisoca, parantos teler nu bingung, harita teras tatapa.
117. Tetep muntang hoyong tepi,, titip diri natap rasa, pasrah sadrah ka papasten, mepet sugri pancadria, cengeng pisan manahna, neda ka Gusti Yang Agung, umambon ka tanah Mekah.
118. Siang wengi kapigalih, mung rasa nu kantun luhlah, hoyong mulih moal leeh, nunuhun ka Gusti Allah, tepang jeung Rosullulah, manahna asa diluluh, ngangres ngungun samar polah.
119. Siang wengi nguji-ngaji, ujian jinis salira, kitu bae damelna teh, kahujanan kaanginan, estu tigin manahna, lamina atos sataun, henteu leueut henteu tuang.
120. Barang dina hiji wengi, kinten-kinten tabuh dua, Sunan Rohmat nuju ngaos, ngadu’a ka Gusti Allah, harita aya sora, namung teu katawis jentul, kieu eta kakupingna.
121. ,He Sunan Rohmat nu Tohid, tapa anjeun katarima, ayeuna mah eureun bae, maksud anjeun teh laksana, hayang deui ka Mekah, nineung ka Muhamad Rosul, geura pek baca ayeuna.
122. Nya eta Kalimah Kalih, bari muntang ka Yang Sukma, pek peureum sakeudeung bae.” Mung sakitu ungel sora, Sunan bingah manahna, harita sumaur ,Nuhun”, pek peureum Susunan Rohmat.
123. Prak ngaos Kalimah Kalih, pana muntang ka Pangeran, barang bray beunta olohok, anjeunna aya di Mekah, lurat-leret ningalan, bus lebet ka bumi Rosul, kasampak teh nuju aya.
124. Para Sahabat ge hadir, ngajajar calik di handap, Sunan munjung sujud bae, ngambung ka dampal sampean, bari nangis sasambat, alon nyaur Gusti Rosul: ,Kuma rarasaan Sunan.
125. Rasa ayeuna jeung tadi, jeung kami heran kacida, naha rarangsak panganggo, jeung siga nandangan brangta.” Sunan nyaur dareuda, sadayana dipiunjuk, hiji taya nu kaliwat.
126. Barang tamat nu wawarti, Rosulolah seug ngandika, soantenna leleb alon: ,He rayi Susunan Rohmat, saliwat matak heran, rayi nyaba geus sataun, di Ujungkulon tatapa.
127. Tur rayi nandang prihatin, padahal nu saleresna, rayi bisi tacan hartos. rayi teh bieu nya angkat, dongkap deui ayeuna, henteu bulan henteu taun, rayi ukur memenitan.
128. Kudrat-Irodatna Gusti, nu Sipat Murba-Kawasa, malah ieu kami oge, kalayan para Sahabat, sadaya tacan ingkah, ti tadi masih karumpul, tah kitu mangka waspada.”
129. Sunan Rohmat tungkul ajrih, ngahuleng lebeting manah, nu sakitu lamina teh, horeng mung sakiceup pisan, Kersaning nu Kawasa, ngahuleng Sunan teu nyaur, mung nganti kana dawuhan.

Kinanti

130. Nyaur manis Gusti Rosul: ,Ayeuna rek naros deui, ku maha di tanah Jawa, menak katut rayat leutik, masih tetep Agamana, nya eta Hindu nu kawit.
131. Atawa naha geus campur, jeung Againa Islam Suci, mun ditanding loba mana?” Sunan Rohmat nyaur tadim: ,Kulanun leresan eta, menggahing di Pulo Jawi.
132. Sadayana masih Hindu, nya eta ka Dewa muliit, anu teu aya cegahan, batal haram henteu harti, wenang wajib makruh mubah, reh teu aya dalil Hadis.
133. Suwung pangandika Rosul, sepi nu terang ka Gusti, taya nu nyembah ka Allah, teu terangeun Islam Suci, katerangna wungkul Dewa, mugia Gusti tingali.”
134. Kadangu ku Gusti Rosul, ngahuleng lebeting galih, jorojoy asih miwelas, ka umat di Pulo Jawi, harita teras ngandika, soantenna leleb manis,
135. ,Rayi saupami kitu, reh kula sangat hawatir, ka umat di Pulo Jawa, manusa nyembah ka jalmi, Dewa manusa biasa, disembah nu nyembah sami,
136. Kaula oge umaku, manusa jumeneng Nabi, lain kahayang kaula, Kersaning Allyul Adzim, tugas bisluitna Kuran, Hadis pangandika kami,
137. Kitab tuduh keur panungtun,perseca jalan nu suci,lain saperti ka Dewa, eta teu ngagem bisluit, nu matak suwung cegahan, hayang ngaratu pribadi.
138. Mun aya manusa luhung, saperti Narada Panji, geuwat ku Dewa diangkat, lantaran sieun kalindih, anu bener dipeungpeukan, tah kitu rayi sing harti,
139. Ayeuna cunduk ka wuku, nitih kana Dat Mustari, meujeuhna sadaya beunta, mana nu kotor nu suci, bukakeun jalan utama, mambrih genah lahir bathin.
140. Boga elmu tong dikemu, sebarkeun ka para wargi, pangarti mah moal beak, batan kurang jadi leuwih, kudu ngasuh bari ngasah, mambrih diasih ku Gusti.
141. Sing sidik ka kubur tangtung, mawa katangtuan diri, diri teh kudu diriksa, saha nu ngobahkeun pikir, sakereteg raraosan, luar jero kedah lantip.
142. Ulah rek kapalang laku, lakonan ku diri rayi, ayeuna kula rek nitah, ka rayi ngajadi wakil, ngislamkeun umat di Jawa, purun teu purun ge musti.
143. Saupami rayi purun, didamel wakil ka Jawi, kedah Islamkeun sadaya, sarta kula mere jangji, jaga di bathin nulungan, manjing ka Janatu Naim.
144. Sumangga ku rayi dangu, lapad Ali insanu mumin, al insanu muminina, waahromu alal Islami, ap’alluloh ila nasa, walmuslimin muslimati.
145. Wajibu ia yap’alu, ayuhal ladin imani, koblal maot badal maota, paeru ila munapikin, munapiko ila insan, jahili ila pinari.
146. Bab maot mah moal burung, taya gede taya leutik, taya kolot taya beunghar, taya menak taya kuring, taya gagah taya rongkah, taya sehat taya gering.
147. Kana Agama sing suhud, ulah bosen siang wengi, kedah sing gumati pisan, ngukuhan Islam nu Suci, mun geten kana Agama, di ahir sampurna diri.”
148. Sunan Rohmat tungkul ngeluk, nguping sapilahir Nabi, nyerep tur gentra tetela, matak resep anu nguping, ngaleketey lebet manah, isin ngerik sareng sedih.
149. Nyerep kana balung sungsum, sakedik pisaur Nabi, namung matri kana raga, rasa rumasa kageuing, Sunan Rohmat nga waleran: ,,Nuhun satimbalan Gusti.
150. Beurat nyuhun beurat nanggung, disimpen di ati suci, kasuhun kalingga murda, kacangreud ku dua kuping, kacangcang pucuking rema, nuhun salaksa lumiring.
151. Siang wengi bade tumut, ngiring satimbalan Gusti, tumut moal bade baha.” Kangjeng Nabi nyaur deui: ,Lamun kitu nuhun pisan, kula bungah liwat saking.
152. Sarta rayi kusu maphum, ngislamkeun supados gampil, kedahna Rajana heula, rayat leutikna mah gampil, pasti engkena ge ngantay, tah kitu eta teh rayi.”
153. Sunan Rohmat pek miunjuk: ,Kulanun sumeja ngiring, kana dawuhan Gamparan, ayeuna ge abdi amit, sareng nyuhunkeun berkahna, ngiring Mujijatna Gusti.”
154. Sunan Rohmat lajeng sujud, ngaras dampal Kangjeng Nabi, Rosulluloh seug ngadua, harita silaturalimi, saparantosna munjungan, teras ka Bagenda Ali,
155. Ka Abubakar ge munjung, sinareng ka Umar deui, para Sahabat dipapay, saparantosna tarapti, Sunan Rohmat lajeng maca, nya eta Kalimah Kalih.
156. Neda ka Gusti Yang Agung, soca peureum mepet ati, disarengan husu niat, muntang ka Mujijat Nabi, Kersaning anu Kawasa, Sunan Rohmat keur diasih,
157. Panejana tos dikabul, sakedap netra ngajadi, barang bray Sunan teh beunta, emut tos di Pulo Jawi, manjurna ngaos Sahadat, satekana kang dumadi.
158. Harita ningal ka payun, atra anu katingali, beh Karaton Pajajaran, malah Prabu Siliwangi, harita keur magelaran, kempel Mantri lan Bopati.
159. Kacarios, Maha Ratu, harita nuju badami, mirempag sual putrana, parantos lami can sumping, nya eta Gagak Lumajang, nu mios ka tanah Suci.
160. Barang nuju gunem catur, kasaru ku anu sumping, enya eta Sunan Rohmat, ngadeg payuneun Sang Aji, kalayan teu kanyahoan, sadayana bengong galih.
161. Sakedap netra teu nyaur, jalaran sadaya pangling, panganggona benten pisan, rehna ku anggoan Haji, dastar ageung jubah ngambay, ti kiwa tasbeh dicangking.
162. Ret,ka handap ret ka luhur, nelek-nelck ka nu sumping, rada-rada kasamaran, sajongjongan rada lali, nu haladir ngusap raray, saumur nembean manggih.
163. Lami-lami sami emut, yen eta nu nembe sumping, sadaya nyebat ,Haturan.” Kacarios Maha Aji, alon nyaur ka putrana: ,Duh Raden bagea sumping.
164. Nyaba ngampleng dua taun, cing ama teh hayang nguping, naon margi lami pisan, kumaha Bagenda Ali, naha enggeus diayonan, ti kapungkur jago jurit. “

Pangkur

165. Sunan Sujud jeung haturan: ,Kaulanun nyanggakeun bebendu Gusti, kang putra hatur piunjuk, nu maksad bade ngajonan, ka nu gagah Bagenda Ali nu pamuk, wartos teh bet sayaktosna, perkawis Bagenda Ali.
166. Sihoreng gagah Karamat, tur kawuwuh ku Mujijat Kangjeng Nabi, nya eta Muhamad Rosul, saleresna tuang putra, henteu acan dumugi ka perang pupuh, nembe ku daya Karamat, parantos apes nya diri.
167. Cindekna putra teu kiat, moal aya nu nanding ka Gusti Ali, kakasih Kangjeng Luluhur, reh rumaos henteu kiat, lebet Islam teu guna Agama Hindu, henteu nineung henteu melang, matak disiksa di bathin.
168. Karana mungguh manusa, pasti maot tara dua tilu kali, sakali bae nu estu, mun teu hartos Iman-Islam eta pasti disiksa di lebet kubur, bingung nadah patakonan, ku Munkar sareng Wanakir.
169. Sumawon di Arah Mahsar, matak keueung bongan teu nurut ka Nabi, teu tumut Agama Rosul, tah kitu numawi putra, luas iklas ngantunkeun Againa Hindu, lebet Islam anu mulya, nya eta Agama Suci.
170. Ayeuna putra pangdongkap, jadi wakil ngemban dawuh Kangjeng Nabi, sa-Tanah Jawa sing taluk, kedah anut lebet Islam, pangpayunna nya eta rama kulanun, ku margi rayat alit mah, tangtos moal hese deui.
171. Pami Rajana tos Islam, rayatna ge tangtos ngiringan ka Gusti, kumaha ama teli purun, sumangga geura manahan, margi putra wawakil ti Kangjeng Rosul, putra moal waka mulang,, upami maksad can hasil.
172. Cindekna mah ka sadaya, saha bae anu teu nurut ka Nabi, ku putra dianggap musuh, jadi satru kabuyutan.” Siliwangi ngahuleng barang ngadangu, gogodeg bari ngandika: ,Ama mah weleh teu harti.
173. Naha bet kitu pikiran, henteu sangka bet ingkar ti nini-aki, bet ngagorengkeun ka Hindu, maneh kawas anu gundam, kurang eling siga anu weureu gadung, teu sangka kabina-bina, maneh jadi edan pikir.”
174. Kadangu ku Sunan Rohmat, heran manah nguping saur rama Aji,lisan salebeting kalbu: ,Lamun kieu petana mah, Pajajaran pinasti bakal diamuk, dijieun lemah irengan, lebur papan kantun tulis.
175. Bongan lir tedak Siluman, lain aya kadua pikir nu lantip, pituduh nu matak makbul, anggur ngangaranan edan, lamun kieu gara-gara bakal ancur, Pajajaran wande ruksak.” Kitu anu kapigalih.
176. Ngembang wera raray Sunan, cepil beureum raosna asa disebit, melong bari teu sumaur, munggah kekerot waosna, Siliwangi reuwas ningal putra kitu, reh atos terang adatna, teu paya pisan dihiding
177. Enggal Sang Ratu ngandika, ngalelemu ku saur nu langkung nianis: ,He putra ama nu pamuk, ke ulah wa.ka amarah, bisi aya saur anu henteu panduk, kedah sing landung aisan, ulah babarian pusing.
178. Ayeuna ama rek nanya, lamun enya Raden teh ngajadi wakil, mana piagem ti Rosul, cing ama hayang ningalan, ciri wanci mun bener Raden diutus, kudu aya katerangan.” Sunan Rohmat nyaur deui.
179. ,Ama mugia uninga, piagem mah kang putra teh henteu nampi, henteu maparin Jeng Rosul.” Sang Ratu kebat ngandika: ,Lamun kitu Raden wakil henteu puguh, moal aya nu percayal kusabab teu aya tawis.
180. Lamun ama geus ningalan, piagemna nu bener-bener ti Nabi, karek percaya saestu,, meureun kari nimbang-nimbang, ku kituna ayeuna Raden perelu, pek nyokot piagem heula, meureun ama kari mikir.”
181. Sunan Rohmat pok nga-ndika: ,Pami kitu sae ayeuna ge amit, bade nguninga ka Rosul.” Peureum Raden Kiansantang, bari ngaos Sahadat Kalimah Rosul, les musna ti Pajajaran, nu kantun hookeun galih,
182. Kacarios Sunan Rohmat, harita ge parantos di tanah Suci, ngadeuheus ka Kangjeng Rosul, nguningakeun kajadian, henteu hasil rehna piagemna suwung, Kangjeng Gusti Rosullulah, harita keneh ge nulis.
183. Barang saparantos tamat, sakalian harita keneh ditawis, teu lami parantos putus, dipasihkeun ka Syeh Rohmat, anu nampi bingah salebeting kalbu, harita keneh amitan, mungkur ti payuneun Nabi.
184. Sunan teh ngaos Sahadat, mung sakiceup parantos aya di Jawa, Kersaning Nu Maha Agung, ngambah nagri Pajajaran, Sunan Rohmat di kaca-kaca ngalantung, guligah lebeting manah,ngabantun piagem Nabi.
185. Harita teh kaleresan ningal batu ageung lempar sareng leucir, patlot mangsina dicabut, bari piagem dicandak, seug disalin harita teh kana batu, nyerat ku Aksara Sunda, nelah nami Batu Tulis,
186. Anu mawi Sunan Rohmat, maksad nyalin dina eta batu nulis, supados sadaya maphum, menak rama Pajajaran, yen anjeunna janten wakil Gusti Rosul, na waktos Susunan nyerat, seueur jalmi balawiri.
187. Nya eta bade kempelan, para Mantri Ponggawa kalih Bopati, ningal nu nyerat na batu, sahiji Mantri mariksa: ,Naon maksud anjeun nulis dina batu?” Diwalon ku Sunan Rohmat: “Sukur nanya maneh Mantri.
188. Nu matak kaula nyerat, eukeur nyieun tandana wakil ti Nabi, nya kami wakil Jeng Rosul, ngislamkeun di Pajajaran, enya eta nyalin ti Agama Hindu, saha bae nu bahula, pasti dibasmi ku kami.”
189. Mantri ngajenghok manahna, bade napsu nguping pisaur nu nulis, barang ret ningal pamulu, sidik ka nu nyerat tea, beuki reuwas sihoreng Gagak lumayung, nu gagah Den Kiansartang, kalinglap panganggo Haji.
190. Harita keneh ge angkat, rek unjukan ka Perabu Siliwangi, kasondong parantos kumpul, nya eta nuju mirempag, Kiansantang nu bade nalukkeun Hindu, badanten kuma petana, nurut atanapi mungkir.
191. Mungkir alamat cilaka, sabab pasti nagara diburakbarik, Pajajaran tangtu ancur, saha anu henteu terang, Senapati Gagak Lumayung nu pamuk, tungkul ngeluk para Raja, taya nu nyaur sahiji.
192. Keur kitu Mantri unjukan, bari nyembah ,Kaulanun Kangjeng Gusti, ngunjukkeun putra nu pamuk, ku abdi bieu ka pendak, nuju nyerat nyalin piagem na batu, sauma sa Pajajaran, tua anom kedah salin.” (Hanca)


Wawacan Gagak Lumayung (I)

Februari 18, 2011

Dangdanggula

1. Bismillahi kawit nu ditulis, budi-daya pamedaring Samad, dupi Samad tegesna teh, kawit “dongeng Karuhun”, nu berbudi Bujangga asli, tawisna nampi Ilham, waspada saéstu, margi nu sipat Bujangga, titi-surti kukuh-pengkuh ati-ati, tulisan ngemban lisan.
2. Ki Bujangga ujaring maranggi, ditampina ku tawis pertanda, tangtos moal sapagodos, gelar-galur dua-tilu, réh nul-nutkeun jalanna dangding, sami gaduh ukiran, tah éta téh kitu, numutkeun pinter rajinna, nu percéka ingkar tina basa Kidib, ngantun kana hianat.
3. Salamina amanat tur Tamblig, Sidik-bener Amanat percaya, Tamblig ngalampahkeun saé. Hak hukumna bener Wujud, bebeneran purwaning Kawit, Kawit babatan Asal, Kama-Kami-Kamu, mangga nyanggakeun terasna, anu nyalin percanten ka parawargi, nyanggakeun saterasna.
4. Kieu kawit ujar ki Musanip, nyarioskeun Ratu nu baheula, aya sahiji Karaton, ngajajah para Ratu, nelahna Prabu Siliwangi, di Pakuan Pajajaran, gaduh putra pamuk, gagah teu aya tandingna, Radén Putra Gagak Lumayung wawangi, katelah Kiansantang.
5. Kakoncara harita sa-Jawi, Majapait sadérékna kalah ku Radén Lumayung jago, sadayana sami taluk, ku gagahna sami alajrih, taya nu wantun ngunghak, ka Radén Lumayung, malah danget harita mah, ku ramana dijenengkeun Sénapati, Pahlawan Pajajaran.
6. Waktos éta Radén runtik galih, tina margi keukeuh hoyong terang, getih salirana tulén, teu acan terang saumur, ti aalit gé can ningali, na kumaha rupina, weléh tacan weruh, gaduh raos panasaran, tina margi pakarang taya nu mahi, bakating ku gagahna.
7. Mangsa éta di sa-Pulo Jawi, tacan aya Islam nu sumebar, Agamana Hindu kénéh, nya kitu Gagak Lumayung, harita téh ujub sareng dir, raosna panggagahna, suwung anu pamuk, n-tung anjeunna anu gagah, anumawi can terang getih pribadi, dugi ka medal sumpah.
8. “Saumur gé moal rék rarabi, mun can nyaho ka getih sorangan.” Éta kitu saurna téh, lami-lami teras ngangluh, gulangguling siang lan wengi, damelna gulinggasah, galih teu kaasuh, keukeuh manah panasaran, lajeng baé ngadeuheus ka rama Aji, ku rama dipariksa.
9. Ayeuna téh ama rék meredih, kudu walon anu sabenerna, kusabab béda pasemon, naon nu dianggo ngangluh, bilih hoyong Putri nu geulis, da moal matak susah. Pajajaran mamur, moal kurang mojang lenjang, nu gareulis kapan di dieu ngabaris, nu ginding gé gedongna.
10. Nu lalucu Putri nu maranis, kantun milih rék ka putra saha, lamun di dieu geus poos, geura milih putra Ratu, nu caraket anu tarebih, putra Raja talukan, kénging Radén tarung, pék pilih ka putra saha?” Kiansantang ka ramana nyembah tadim, kinanti nu balaka.

Kinanti

11. Piunjuk Gagak Lumayung, “Kaulanun rama Gusti, sim abdi sanés teu niat, tobat teu ngémut rarabi, mung aya nu panasaran, ku abdi nu dipiati.
12. Kieu anu dipiémut, siang atanapi wengi, taya sanés nu kacipta, abdi jadi Sénapati, perang henteu mendak lawan, sepi nu ngajadi tanding.
13. Mung ayeuna perang buntu, teu aya lawanna deui, jadi alatan kapalang, tacan wareg ngabén jurit, kamana nyiar nu gagah, kanggé pitandingeun abdi.
14. Réh saémut abdi hirup, ti alit dugi birahi, can terang getih sorangan, sakitu nu dipiati, kumaha atuh akalna, milari nu gagah sakti.
15. Réhing suwung anu pamuk, sepi nu sakti pinilih, anu gagah gé teu aya, milari sa-Pulo Jawi, téh kitu nu janten marga, anu mawi abdi runtik.”
16. Hémeng galih Kanjeng Ratu, sakedapan henteu muni, wekasan nyaur Dén Patya, miwarang milari Resi, para Ajar nu koncara, kelun Nujum nu waracis.
17. Maksad badé neda tulung, torah dimana nu sakti, pilawaneun Radén Putra, harita Dén Patih amit, medal ti payuneun Raja, kebat nyiar nujum sidik.
18. Ka anu jauh dijugjug, ka nu tarebih disungsi, énggalna lampah Dén Patya, tugas parantos tarapti, anu waracis darongkap, dideuheuskeun ka Sang Aji.
19. Sujud nyembah para Nujum, bingah Prabu Siliwangi, harita kénéh mariksa, “Bagja sadayana sumping, pangna andika diala, kaula rék merih pati.
20. Geura torah mangka weruh, ieu sawewengkon Jawi, dikira saha jalmana, nu patut ngayonan juru, nu saimbangan gagahna, nu tanding jeung anak kami.
21. Ka Radén Gagak Lumayung, geura unjukkeun ka kami, pok kadinyah ulah éra, atawa gimir wawarti, sab kaula panasaran, hayang manggih tanding jurit.”
22. Tungkul sadaya pra Nujum, sami ngémut lebet galih, ngahuleng teu sasauran, réh sesah badé wawarti, badé unjukan waregah, réh teu aya tanding deui.
23. Kocap aya hiji Nujum, ngiring campur nyiliwuri, henteu manon jeung nu réa, Malaikat salin rupi, badé ngantunkeun lantaran, pok unjukan aki-aki.
24. “Kulanun dawuh Sang Ratu, menggah émutan sim abdi, ngoréhan di Pulo Jawa, tangtos moal aya tanding, anu gagah téh mung putra, sakti manggulang-mangguling.
25. Aya ogé kaulanun, pitandingeun putra Gusti, mung sanés di Pulo Jawa, aya di Mekah nagari, wastana Ali Murtada, Bagénda Ali bin Tolib.
26. Mung tebihna sakalangkung, ayana di Puseur Bumi, nya éta di nagri Arab, tah ieu mah tangtos tanding, pilawaneunnana putra, tangtos ramé ngabén jurit.
27. Itu ieu tacan tangtu, anu unggul apes jurit, duka mana anu kalah, mung tangtos ka dinya tanding, sakitu abdi unjukan.” Bingah Prabu Siliwangi.
28. Ngalahir deui ka Nujum, “Terangkeun baé sakali, tiap aki bisa norah, pilawaneun kitu deui, tangtu katorah ayeuna, saha nu unggul nu sisip.
29. Pihak mana anu unggul, ku aki kudu pilahir.” Ki Nujum barang dipaksa, sina nerangkeun nu sisip, harita kénéh ge musna, ti payuneun Siliwangi.
30. Ngagebeg manah Sang Prabu, nya kitu Nujum nu hadir, réhna aki tos teu aya, léosna teu katingali, para Nujum pok unjukan, “Kulanun Paduka Gusti.
31. Sim abdi héran kalangkung, pami ngémut aki-aki, anu nembé norah téa, henteu wanoh sareng abdi, duka ti mana dongkapna, sapertos nu nyiliwuri.
32. Matak hémeng kaulanun, saha éta aki-aki, nyanggakeun sadaya-daya, rumaos bodo sim abdi, marga bobot pangayonna, henteu ngalangkungan Gusti.”
33. Ngahuleng Gagak Lumayung, hanjakal ku aki-aki, dugi ka kumejot manah, panasaran liwat saking, harita teras unjukan, “Kaulanun rama Gusti,
34. Jisim abdi amit mundur, rék ngabujeng torah aki, ka mana gé rek ditéang, nyusul anu wasta Ali.” Sang Prabu alon ngandika, “Kuma karep Radén pasti.
35. Ngan sambung salamet maksud, mangka karep Radén hasil, moal nyarék moal nitah.” Kiansantang nyembah amit, mundur ti payuneun rama, teu nganggo ngénjingkeun deui.
36. Harita kénéh gé laju, kaluar ti lebet nagri, ngantun dayeuh Pajajaran, lumampahna kadya angin, ka kalér kulon angkatna, nyorang hiji tempat resik.
37. Sisi cai sisi gunung, angin leutik ngahiliwir, sok matak seger salira, Radén lirén teras calik, mepet pancadria muja, neda-neda ka Déwa Di.
38. Ka Déwa nu Marawolu, ka Marasanga Mamalih, nyaur salebeting manah: “Duh Déwa sembaheun abdi, mugia masihan terang, mun leres di Puseur Bumi.
39. Aya pilawaneun pupuh, nu ngaran Bagénda Ali, mugi dipasihan terang.” Teu lami waktosna deui, aya sora teu katingal, tah kieu anu kakuping,
40. “Hé Radén Gagak Lumayung, anu gagah pilih tanding, ieu kula lain Déwa, tapi Rat Sukma nu Suci, ka Radén ngawaris ngaran, Dén Garantang Sétra nami.
41. Nya di dieu tempat linduk, nelah Ujungkulon nami, Ujung tungtung panganggeusan, nganggeuskeun kasengsrem galih, kulon nyata keur kaula, milari getih pribadi.
42. Nyata Sétra bersih ngempur, milari marganing Suci, nya karep Radén ayeuna, ngabujeng Bagénda Ali, nu aya di nagri Mekah, pasti jeung Radén téh panggih.
43. Garantang nyatana maksud, tangtu papanggih jeung Suci, geura bral ayeuna iang, kebatkeun saniat kami.” Ngoréjat Radén tos gugah. ti Ujungkulon geus indit.
44. Jol dongkap ka sisi laut, teu kandeg kapegat cai, Raden teras napak sancang, najan ngapung nerus bumi, Radén moal kapetolan, tawisna nu gagah sakti.
45. Kantun Dén Gagak Lumayung, nuju ngambah di jaladri, urang diselang sakedap, gentos anu kocap deui, Kangjeng Gusti Rosullulah, kasinoman anu Suci.

Sinom

59. Tangtos bapa moal terang, enya ieu kula urang tanah Jawi, katelah Gagak Lumayung, atawa Gagak Lumajang, nu ka telah Prabu Kiansantang éstu, nu gagah Garantang Sétra, Sénapati Siliwangi.
60. Pamukna di Pulo Jawa, nu kaceluk teu aya tandingna deui, jauh-jauh pangdijugjug, anggang-anggang ditéang, anu ngaran Bagénda Ali nu pamuk, kaula hayang ngayonan nu gagah di Puseur bumi.
61. Sabab kaula di Jawa, nyata kurang taya pitandingeun deui, kitu margana dijugjug, tah kitu maksud kula,” Ali imut ngadangu anu cacatur, ngaosna Alhamdulillah, teka ing Robbul ‘Alamin.
62. Muji kana Dat Yang Sukma, dina galih Bagénda Ali nu lantip, henteu pisan gaduh unggul, anging Kersaning saha, anu gagah anging Dat Alloh nu Agung, raga nyawa gagaduhan, titipan nu Maha Suci.
63. Bagénda Ali ngandika, “Atuh Agus sumangga pun bapa ngiring, kana maksad Agus kitu, tinangtos tiasa tepang, namung engké di payuneun Gusti Rosul, sinareng Ali Murtada, keur ngadegkeun enok Masjid.
64. Jung angkat Gagak Lumayung, kitu deui Bagénda Ali diiring, Gagak Lumayung ti pungkur, can patos tebih angkatna, Sang Bagénda émut kana tongkat kantun, lajeng ngalirik ka tukang, imut barina ngalahir.
65. “Masya Alloh Agus hilap, ieu bapa kakantun iteuk pandeuri, abong-abong anu pikun, Radén pangnyandakkeun heula, ngarah gancang angkatna nu anom tangtu, itu nu nancleb na lemah.” Gagak Lumayung pék malik.
66. Ngabujeng ka iteuk téa, barang dongkap teras dicabut sakali, namung pageuh sakalangkung, sanaos pageuh dipaksa, nojér lemah mani nyeblok semet tuur, namung pageuh iteuk téa, bumi inggeung lir ku lini.
67. Keukeuh pageuh keukeuh maksa, késang ngoprot teu bénten siga nu mandi, séép késang gétih ngucur, kagét manahna Lumajang, tina margi harita nembé saumur, ningal ka gétih sorangan, sabulu-bulu barijil.
68. Reuwas di lebet manahna, harita gé teras nyambat ka Dewa Di, “Duh Déwa nu Marawolu, hamba neda kadigjayan.” Namung tetep teteken henteu kacabut, kabedasanana mubah, kantun lesu tulang sandi.
69. Bagenda Ali jol dongkap, bari nyaur, “Naha Agus lami teuing.” Ngawalon Gagak Lumayung, “Aduh bapa henteu kuat, kula mopo teteken henteu kacabut.” Saur Ali, “Na kumaha, kapan Agus gagah sakti.
70. Koncara satanah Jawa, geuning kitu nyabut iteuk gé teu hasil, bapa mah heran kalangkung, cing ku bapa urang jungkat,” Bérés nyaur Bagénda Ali seug tungkul, bari ngawejang Kalimah, sinareng Solawat Nabi.
71. “Allohuma Sholli ‘ala, Muhammad wa’alaa aali Muhammadin, asyhadu allaa ilalloohu, wa asyhadu anna Muhammad, Rosuulullooh.” Kitu lisan Ali pamuk, saparantos ngaos du’a, teras nyabut iteuk kénging.
72. Kitu deui Kiansantang, kawit lesu harita tos jagjag deui, sinareng hemeng pangkalbu, nguping Kalimah Sahadat, tina margi saumur nembé ngadangu, harita teras ngandika, tumaros ka aki-aki.
73. “Lisan naon bieu bapa, henteu puguh ku kula henteu kaharti, palakiah naon kitu, kula ngadak-ngadak jagjag, sarta iteuk ku bapa geuning kacabut.” Bagénda Ali ngandika, disarengan imut manis.
74. “Bisi Agus can uninga, nu dibaca ku bapa Kaliniah Kalih, nyatana panglesu musuh, tangtu apes digjayana.” Saur Raden, “Euleuh euleuh kutan kitu, kaula ogé kabita, keur engké tepung jeung Ali.
75. Sarta cing kumaha bapa, naha aya harti jaba éta deui, lian pangapésan musuh?” Bagénda Ali ngandika, “Atuh puguh éta téh Sahadat Rosul, nya cepengan umat Islam, nyata Agama nu Suci.
76. Saha nu lisan Sahadat, éta pasti ginanjar Rokhmat Yang Widi, Hirup-Hurip pasti Hurup, Islam Agama Mulya, béda pisan sareng nu Agama Hindu, pasti dila’nat ku Allah, bongan percaya ka Sihir.”
77. Tungkul Prabu Kiansantang, tina margi anjeunna rumaos isin, réh nyepeng Agama Hindu, Bagénda Ali seug angkat, bari mésem ningal ka Radén ti pungkur, nuju ngiring ka anjeunna, angkatna tungkul ka bumi.
78. Harita parantos dongkap, Ali sareng Kiansantang ka Jeng Nabi, Rosulluloh pok ngadawuh, “Naha Ali elat pisan, mani kesel ngantosan ti isuk-isuk, kapan rék ngadegkeun téa, nyekel tihang masing-masing.”
79. Bagénda Ali unjukan, “Kaulanun, mugi ulah rengat galih, ku margi aya tatamu, ngahaja ti Pulo Jawa, mung hanjakal Agamana masih Hindu, wawangina Kiansantang, nu hoyong nyobi ka abdi.
80. Anjeunna ngahaja dongkap, tebih-tebih pang ka Puseur Bumi dugi, rehing kaceluk tos pamuk, di Jawa taya tandingna, nu diseja hoyong sareng abdi pupuh, badé mecak kasakténna, tah kitu purwana lami.”
81. Kangjeng Nabi Rosullulah, mésem leleb barang nguping saur Ali, sareng ngarérét ka tamu, Kiansantang nu miarsa, lingsem pisan midanget anu sumaur, ngeluk semu ajrih pisan, réhing teu sangka sakedik.
82. Horéng aki-aki téa, nu ngabantun ka anjeunna geuning Ali, nu badé diajak tarung, nu dianjam ti anggalna, kadalangsok anjeunna tos langkung saur, temahna mendak wiwirang ngahuleng teu yasa muni.
83. Nyaur manis Rosullulah, “Hé tatamu maksad anjeun engké deui, mun jeung Ali hoyong tarung, margina waktos ayeuna, ieu kula meujeuhna aya perelu, malah nuhun sakalian, aya anu gagah sakti.
84. Kaula ngahiras saya, pangnangtungkeun ieu tihang anu kuning, keur bagéan Ali éstu, ayeuna anjeun gentosna, étang-étang wakil ngahormat nu pamuk,” Kiansantang unjuk sembah, “Kaulanun mangga ngiring.”
85. Énggal sadaya sadia, nyepeng tihang hiji-hiji masing-masing, lengkep tihang anu tujuh, sadaya para Sahabat, sareng Mumin ngaos sahadat ngajungjung, jung ngaradeg genep tihang, kantun tihang anu hiji.
86. Nu dicepeng Kiansantang, tacan ngadeg ku margi henteu kaindit, raos abot sakalangkung, dumugi ka dodogéran, nojér lemah dugi nyeblok semet tuur, cikaringet barijilan, sabulu-bulu jeung getih.
87. Rembes getih ti salira, namung tihang keukeuh baé teu kaungkil, harita teras sumaur, “Tulung teu kawawa beurat, ieu kula tanaga parantos suwung.” Gumujeng Ali Murtada, nguping nu sasambat tarik.
88. Sinareng teras ngandika, “Henteu sangka perjurit ti Tanah Jawi, nu kamashur pamuk pupuh, ayeuna éléh ku tihang.” Nyaur kitu bari moro tihang agung, sinareng ngaos Kalimah, tihang henteu mundur deui.

(Hanca)


Mang Koko

Februari 18, 2011

DITITENAN ti mangsa ka mangsa nyaan lamun generasi sunda kiwari leuwih wanoh ka bentang musik deungeun atawa bentang film deungeun anu jadi idolana atawa pupustena tibatan ka budayawan-budayawan sunda anu moyan, lain nyaram atawa teu meunang tapi tong poho atawa mopohokeun budayawan, seniman seler sorangan saperti :

Seniman karawitan sunda KOKO KOSWARA anu saterusna leuwih wanoh disebut MANG KOKO, jigana pikeun dunya kawih sunda mah bisa jadi boga tempat dina tingkatan anu pangluhurna, lagu-lagu kawih anggitanana nepi ka kiwari tetep abadi jeung masih tetep dipikaresep, ieu katingali tina rilis album kawih mang koko dina sarupaning garapan, kacapian, degung, salendroan nepi ka band, atawa dina pasanggiri kawih anu pasti lagu mang koko minangka materi lagu pasanggiri

Lagu-lagu mang koko ceuk para ahli atanapi paniten seni suara bisa digolongkeun kana dua klasifikasi, nyaeta rumpaka jeung lagu nu dicipta ku mang koko sorangan sarta rumpaka meunang batur jeung lagu meunang mang koko.

Lagu jeung rumpaka anggitan mang koko mibanda karakter karayatan sarta kahirupan sapopoe anu kaasup kana lagu ieu biasana boga pasipatan humoris, sedeng lagu anu rumpakana beunang batur biasana ngeunaan cinta anu melankolik.

Lagu jeung rumpaka karya Mang Koko di antarana wae Batminton, Beca, Maen Bal, Beus Kota, Jangkrik, Katumbiri, Batik jeung Si Jago, sedengkeun lagu Mang koko anu make rumpaka Abu Siti Armilah, Wahyu Wibisana, Raden Ading Affandi, Deddy Windiagiri, Winarya Artadinata, Tatang Sastrawirya,  R. Sukendar. K, Agus Sur, jrrd diantrana wae Talatah, Bulan Dagoan, Samoja, Sulaya Jangji, Girimis ka Sorenakeun , Ngumbar Sawangan, Wengi Enjing Tepang Deui, Peuting jeung Pangharepan, Kembang Tanjung Panineungan, Reumis Beureum Dina Eurih, Di Langit Bandung Bulan Keur Mayung, Tina Jandela, Imut Subuh, jrrd.

Mang Koko, keur kolot jeung budak urang Sunda tangtos geus teu bireuk deui,kawentar kamana-mana kakoncara ka mancanagara, teu benten sareng Ua Sas, MJ Kuncen milis Urang Sunda, Abah Surya, Kang  Benny B kuncen milis Ki Sunda jrrd.  Mang Koko palopor modernisasi karawitan Sunda teh tos ngantunkeun, bilih aya anu “teu acan” sareng “palay” terang, ieu aya sakedik-kedikeun perkawis Mang Koko, mangga nyanggakeun.

Peperenian Inohong Seniman Sunda MANG KOKO:

Kasohorna mah Mang Koko.
Kolot budak nyarebut Mang Koko.
Kakasih aslina mah Haji Koko Koswara.
Dilahirkeun di Indihiang, Tasikmalaya, tanggal 10 April 1917.
Pupus di Bandung tanggal 4 Oktober 1985.
Nami ramana Ibrahim alias Sumarta, masih kokocoran ti
Hasanudin Sultan Banten, ngagaduhan putra 8 urang.

Pendidikanna HIS (1932), MULO Pasundan (1935), taat sareng patuh kana agama (Islam) nu di ulik ti bubudak.
Padamelanna ti taun 1937 tug ka pupusna taun 1985 nyaeta ngawitan di Bale Pamulangan Pasundan, Paguyuban Pasundan,
De Javasche Bank, Harian Cahaya (Cahaya Sinbun), Harian Suara Merdeka, Jawatan Penerangan Prop. Jabar, Guru nu  salajengna janten Direktur Konservatori Karawitan Sunda Bandung (1961-1973), Dosen Luar Biasa di Asti Bandung.

Bakat senina ngocor ti ramana nu akhli mamaos Ciawian  & Cianjuran, diajar nyalira ti seniman akhli karawitan Sunda nu kondang sareng ngulik tina buku-buku karangan R. Mahyar Anggakusumadinata/musicoloog. Anjeuna nu ngadegkeun sareng janten pupuhu perkumpulan seni Jenaka Sunda “Kanca Indihiang” (1946), Taman Murangkalih (1948), Taman Cangkurileung (1950), Taman Setiaputra (1950), Kliningan Ganda Mekar (1950), Gamelan Mundinglaya (1951) sareng Taman Bincarung (1958).

Nu ngadegkeun sareng Ketua Umum Yayasan Cangkurileung/Pusat (1959), Yayasan Badan Penyelenggara “Akademi Seni Karawitan Indonesia” (ASKI) Bandung (1971), Oge kantos nerbitkeun majalah Kasenian “Swara Cangkurileung” (1970-1983).
Lagu-lagu sanggian Mang Koko tetela dipikaresep ku sarerea. Nepi ka ayeuna lagu-laguna masih keneh dihaleuangkeun, ti mimiti lagu-lagu jaman “Kanca Indihiang” nepi ka lagu-lagu sanggian ka ayeunakeun.

Mang Koko lain semet ngahaleuangkeun wungkul, tapi karya-karyana dibukukeun, nu sumebar ka sakuliah Tatar Sunda, malah ka sakuliah Indonesia. Buku-buku karyana diantawisna nyaeta Resep Mamaos (Ganaco 1948), Cangkurileung (3 jilid /Mitra Buana 1952), Ganda Mekar (Tarate 1970), Bincarung (Tarate 1970), Pangajaran Kacapi (Balebat 1973), Seni Swara Sunda (MB 1984), Sekar Mayang (MB 1984), Layeutan Swara (YCP 1984), Bentang Sulintang (MB 1989), jrrd.

Sajaba ti eta Mang Koko  geus nyusun drama swara jeung gending karesmen, diantawisna : Gondang Pangwangunan, Bapa Satar, Adu Asih, Pahlawan Samudra, Gondang Samagaha, Pilih Kanda, Berekat Katitih Mahal, Sekar Catur, Sempal Guyon, Saha ?, Ngatrok, Kareta Api, Istri Tampikan, Si Kabayan, Si Kabayan Jeung Raja Jimbul, Aki Nini Balangantrang, Pangeran Jayakarta, Nyai Dasimah, jrrd.

Pikeun jasa-jasana Mang Koko dileler piagam “Anugerah Seni” Wijayakusumah ku Pamarentah Pusat/ Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Jakarta taun 1971, minangka panghargaan kana usahana salaku  “Pembaharu Dalam Bidang Seni Karawitan Sunda”.

Upami palay terang langkung paos sareng leres mah, panginten tiasa ditaroskeun ka Kang Tatang Benyamin putrana Mang Koko mantan kelas III Pal SMA Negeri No.1 Dago-Bdg, mun teu lepat mah sobat saalmamater Kang Djatnika sareng Kang Arofah Bachtiar sami-sami ahli seni Sunda.

Salah sahiji yasana Mang Koko/Wahyu Wibisana, petikan tina Drama Swara “Aki Nini Balangantrang”,

Bray Siang

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Ti dieu nya pangapungan
Ka dieu nya pangeunteupan
Ku rayat kuring diatik
Keur rayat kuring nya jurit
Geus mangsana gulung tangan
Nagih nagara titipan ……..

Bray siang kuniang hudang
Balebat hibar ti wetan
Jorelat-jorelat jati udagan
Udagan, udagan urang gumilang

Rek nangtung dina tangtungan
Rek napak ‘na tatapakan
Nya asih tanpa wangenan
Ka bumi kembang katresna’an
Tanah mulya tuturunan
Pasti dibela tohtohan …***


Rusdi jeung Misnem

Februari 17, 2011

I

MUN aya nu nanya ka kuring, “Buku naon nu pangpikaresepeunana jeung pangalusna pikeun bacaan barudak di Sakola Ra’yat (Dasar)?”, moal hamham deui kuring tangtu ngajawab, “Buku Rusdi jeung Misnem.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab. Sabab nu pangutamana atuh pédah kuring urang Sunda; jadi dina nimbang-nimbang jeung nangtukeun jawaban téh maké babandingan jeung ukuran Sunda; jeung deui nya ku lantaran kuring urang Sunda, sakola di Sakola Ra’yat Sunda (sanajan di tapelwates béh wétan) sarta maca buku bacaan keur barudak Sunda. Tah Rusdi jeung Misnem téh ngagambarkeun kahirupan sapopoé barudak Sunda deuih.

Tapi na da salian ti Rusdi jeung Misnem téh aya Gandasari, Sumber Arum, Panggelar Budi jeung lian-lianna apan? Sarta kabéhanana ngagambarkeun urang Sunda; Jang Éman téh urang Sunda lain? Kitu deui Jang Sumitra; Si Empi jeung pada baturna.

Nya jawaban kana éta pananya pisan anu jadi lantaran nu kadua, naon sababna nu matak kuring nyebutkeun yén buku Rusdi jeung Misnem téh buku bacaan barudak pangalusna.

Sanajan Gandasari jeung Sumber Arum nyaritakeun barudak Sunda gé, Jang Éman jeung Jang Sumitra mah béda jeung Si Rusdi. Duanana putra lurah hormat, duanana bageur; duanana “bener” jeung nurut kana piwuruk sepuh. Cindekna duanana ogé hadé jeung alus, budak anu dipiangen-angen ku unggal sepuh. Ari Si Rusdi? Apan Si Rusdi mah budak bangor, ari ka sakola gé ngantongan wajit jeung kadaharan lianna. Dina ieu hal pangarang Rusdi jeung Misnem leuwih wanoh sarta leuwih bisa ngagambarkeun watek jeung kahirupan budak umumna, budak anu réa hojahnya sarta anu ku lantaran teu katuturkeun ku kolotna nya disebut “bangor”. Si Rusdi téh pinter ari pinterna mah, ngan sakarepna teuing. Hirup Si Rusdi mah pikasebeleun sing sakur anu biasa hirup dina lingkungan féodal harita, mutuh pikangéwaeun, tapi matak nineung ku lucuna. Hirup Si Rusdi istuning hirup “budak lembur anu dusun”, tapi bolostrong, budak anu hirupna masih deukeut kénéh ka alam.

Ari watek Jang Éman jeung Jang Sumitra mah rata, taya kaanéhanana pisan, sagalana geus diatur ku sepuhna, atuh anu dicaritakeunana gé istuning rata. Anéhna téh ngan lamun ngadongéng, nepi ka Gandasari mah unggal bab téh dongéng waé.
Nu ngarang Sumber Arum jeung Gandasari mah, katara pisan hayang “ngatik” barudak, supaya bageur, nurut kana piwuruk sepuh, getol diajar, bener, supaya hirupna lulus-banglus, jauh balai parek rejeki, sagalana kudu lumangsung saluyu jeung kahayang anu nyekel lalakon. Pantes pisan lamun anu nyusun Gandasari jeung Sumber Arum meunang béntang ti… gubernemén!

Ari nu ngarang Si Rusdi mah kawas nu rada mopohokeun kana éta hal; maksudna téh lain rék “ngatik”, tapi ngagambarkeun kahirupan sapopoé budak Sunda, adi-lanceuk ngaranna Si Rusdi jeung Si Misnem (aya deui lanceukna Ramlan, tapi tara aya di lembur). Atuh Rusdi jeung Misnem mah leuwih deukeut kana harti sastra manan Gandasari atawa Sumber Arum. Sundana mah Rusdi jeung Misnem literér, ari Gandasari jeung Sekar Arum didaktis.

Ayeuna mah barudak téh di Sakola Ra’yat geus henteu maca deui Rusdi jeung Misnem. Boa angkatan kuring barudak pangahirna maca Rusdi jeung Misnem di Sakola Ra’yat téh. Ari Sumber Arum jeung Gandasari mah dicitak deui sabada perang gé.

Kuring kiwari inget-inget poho kana carita Rusdi jeung adina Misnem téh, saking heubeul-heubeulna henteu maca. Inget sotéh éta kana kabiasaan Si Rusdi ari ka sakola, jeung kana pupuh kinanti dina panungtung jilid katilu, basa Rusdi kudu terus tetep-tumetep di kota nuluykeun sakola ka kelas opat (vervolgschool), ari Misnem katut kolot-kolotna mulang deui ka lemburna:

Rusdi ku Ramlan ditungtun,
dikaléng diajak balik,
diupahan ku tiluan,
ku Ramlan paman jeung bibi,
dipapalér dibubungah,
ulah nyantél ka nu balik.

Inget sotéh pédah baé baheula sering ngahariringkeunana, laguna kinanti buhun. Ana ngong téh Pa Guru méré conto ka barudak kumaha nembangkeunana, kuring mani ngerik, ati asa digerihan, ku karunya Si Rusdi nyorangan di kota, papisah jeung adina Si Misnem… lieuk leuweung lieuk lamping téa meureun. Mun kaduga mah harita hayang hing baé ceurik.
Aya deui dongéng anu nepi ka ayeuna teu bisa poho, sanajan ari susunan caritana mah geus teu inget, tapi aya fragmén tina éta dongéng anu tetep nyantél teu laas ku geus lawas. Mun teu salah mah éta dongéng téh nyaritakeun dua budak pahatu-lalis di leuweung. Lanceukna lalaki ngala buah loa, adina awéwé di handap diteureuy oray, mimitina sukuna heula, nyalukan lanceukna:
“Kang, kang tulungan
aya nu gagarayaman
kana suku jeung ngégélan.
Cing geuwat kuring tulungan.”

Lanceukna keur kapalang ngala loa, ngajawab tina luhur tangkal:

“Usap baé nyai, meureun sireum.”

Macana dikawihkeun, laguna basajan pisan, tapi harita mah mutuh mawa suasana ngenes-ngangres.

Barang éta budak awéwé téa geus kateureuy kabéh ku sakadang oray, kakara lanceukna nyahoeun. Hadéna aya manuk disada kawas nu mapatahan:

“Cukrih! Cukrih! Cukrih!
Turih ku pucuk eurih!”

Sakadang oray diturih beuteungna ku pucuk eurih, si budak awéwé geus taya nyawaan. Tapi da tuluy hirup deui, digeberan ku hihid kabuyutan bari dikawihan:

“Geber-geber hihid aing
hihid aing kabuyutan,
titinggal nini awaking…”
jeung saterusna.

Éta téh kabéh gé diturun saingetna baé, boa aya nu salah. Tapi kakeueung jeung kangenes anu baheula kungsi karasa basa mimiti maca éta dongéng sok karasa deui ari ayeuna inget téh.


II

Kiwari beunang disebutkeun Sakola Ra’yat (jeung sakola-sakola lianna) teu bogaeun buku bacaan basa Sunda. Anu aya ngan nyukupan pikeun ubar puruluk wungkul. Naha kira-kirana moal hadé lamun buku Rusdi jeung Misnem, anu sidik hadé sarta alus, dicitak deui bacaeun barudak kiwari?

Sanajan kuring mikaresep pisan kana éta buku, tapi mun kuring kudu ngajawab éta pananya sarta mun pangna dicitak deui téh diancokeun pikeun bacaan barudak Sakola Ra’yat, kuring bakal ngajawab, “Henteu.”

Tangtu éta jawaban téh ngandung kasangtukang kalawan sabab-musabab deuih. Sabab anu pangutamana, ku lantaran kahirupan barudak Sunda kiwari geus béda pisan jeung kahirupan barudak Sunda dina jaman Si Rusdi jeung Si Misnem. Hirupkumbuh urang Sunda dina jero limabelas taun pangahirna téh ngalaman parobahan anu kacida gedéna. Nepi ka lamun barudak kiwari maca kahirupan Si Rusdi téh, moal ngalartieun. Tangtu haréraneun aya kahirupan cara kitu—taya bédana jeung alam dongéng. Pangaruh ti luar geus ngaraksuk asup ka pakumbuhan urang Sunda di tutugan gunung jeung lamping. Pakumbuhan urang Sunda anu tadina ayem-tengtrem, sepi-tingtrim téh, kiwari kaweur, komo ku ayana kakacowan di padésan anu jauh ti kota mah. Mun baheula kahirupan urang Sunda téh pakumbuhan kahirupan kampung atawa padésan anu masih kénéh “weuteuh”, ayeuna mah geus direumbeuy ku kahirupan kota, tapi ari enya-enya mangrupa kahirupan cara di kota-kota (Éropah) mah tacan deuih. Antara kota jeung désa di urang kiwari mah taya wates-wates anu tétéla. Éta Dua rupa kahirupan téh awor pabaur, kitu deui ku barobahna susunan masarakat padésan di urang, ku ngaraksukna tatacara jeung ukuran-ukuran kahirupan anyar ka jero padésan (jalma-jalmana arindit ka kota lantaran hirupkumbuh di lemburna sorangan kaganggu ku ayana kakacowan gorombolan), ana marulang deui ka tempatna asal, éta jalma-jalma téh geus barobah, boh tatacarana boh kapercayaanana, kitu deui ukuran-ukuran jeung cita-cita hirupna.

Éta prosés téh gancang pisan ngarobah pakumbuhan masarakat padésan urang. Anu baheula mah teu kenal kana lagu-lagu lian kajaba ti lagu-lagu Sunda, Cianjuran, Degung jeung sapadana ayeuna mah milu ngahariringkeun lagu-lagu India jeung Malaya. Anu baheula mah cukup ditarumpah karét (urut ban mobil), ayeuna mah kudu maké sapatu nu disemir bari dikaoskaki nylon nanaon. Anu baheula mah cukup ku lalajo ketuk-tilu atawa pantun, ayeuna mah kudu lalajo bioskop (“gambar iduk” cenah). Anu baheula mah cukup disarung jeung dikamprét, ayeuna mah kudu sing sarwa wolita, didasi sagala. Anu baheula kamamana cukup ku leumpang ayeuna kudu maké karéta mesin, motor, bis atawa karéta api malah kapal udara. Anu baheula mah cukup ku nyaho béja-béja ngeunaan urang lemburna sorangan, ayeuna maké hayang maca suratkabar ngarah terang béja-béja ti sakuliah dunya. Anu baheula mah cukup ku udud kolobot, ayeuna kudu ngaroko “putih”…

Basa Si Rusdi ditinggalkeun ku kolot katut adina di dayeuh, manéhna ceurik, tangtu inget kana sagala pangalaman jeung karesepna basa masih kénéh mangkuk di lembur. Keur Si Rusdi mah harita, antara dayeuh (kota) jeung désa téh lain baé jauh tempatna, tapi ogé aya perbédaan kahirupan. Kahirupan dayeuh jeung kahirupan padésan. Papisahna Si Rusdi jeung Si Misnem téh nya papisahna jeung kahirupan padésan, diganti ku kahirupan dayeuh anu harita mah masih kénéh sing sarwa ahéng pikeun Si Rusdi.

Kasedih, katineung nu harita kaalaman ku Si Rusdi pédah kudu ngumbara nuluykeun sakola di dayeuh, moal kaalaman moal karasa ku barudak padésan jaman kiwari. Barudak kiwari mah ti masih kénéh bau jaringao geus ngimpi ngumbara ka kota. Apan hirupna sapopoé di padésan ogé geus niron-niron kahirupan di kota. Jadi mun sakali mangsa dibéré kasempetan indit ka atawa ngumbara di kota téh, atuh taya bédana jeung umat Islam sina indit ka Mekah.

Tah faktor-faktor éta téh milu nangtukeun kana hadé-henteuna bacaan barudak, komo bacaan munggaran di Sakola Ra’yat, anu tinangtu nyantél dina haté tepi ka maranéhanana galedé.

Tapi sabalikna, na kira-kirana hadé deuih lamun ayeuna aya jalma anu nulis buku bacaeun barudak anu ébréh ngagambarkeun kakacowan jeung kakaweuran hirupkumbuhna?

Bisa jadi hadé, bisa jadi henteu. Hadé ku lantaran hal éta bakal bisa méré gambaran ka barudak nu macana ngeunaan kaayaan kahirupanana sapopoé dina jamanna. Goréngna ku lantaran mun éta buku disusun ku jalma anu teu bisa nénjo kakacowan jeung kaayaan anu pikangeneseun téa kalawan ngristal, bakal méré gambaran salah ka barudak, nya temahna melak binih mumusuhan atawa ngunek-ngunek silih arah.

Tapi mun aya jalma nu usaha ka palebah dinya, di dieu kuring hayang némbongkeun pamapag pangbagéa ka manéhna: “Rampés!”

Jakarta, 1957

(Dicutat tina buku Dur Pandjak! wedalan C.V. Pusaka Sunda, Bandung, 1966, kaca 42-48)


Dongeng Sunda Dina Radio

Februari 17, 2011

Ku: Dadan Sutisna

Jaman keur budak sok ngadengekeun dongeng teh. Ari mimindengna mah, dongeng ti nini kuring. Dongeng Si Kabayan Ngala Tutut,  dongeng Peucang Balap Lumpat, atawa dongeng Raja Beuki Gedang. Tapi, nini kuring oge resepeun ngadengekeun dongeng teh. Dongeng tina radio. Nya kapaksa bae, ari can tunduh mah, kuring oge milu ngabandungan. Bet terus resep deuih. Sakapeung sok nyipta-nyipta, hayang jadi tokoh sakti dina dongeng. Kawasna mah taya bedana jeung barudak ayeuna, resep kana tokoh-tokoh pilem dina televisi. Nya ari karah ku unggal peuting mah ngadengekeunana, sok aya bae carita anu inget keneh nepi ka ayeuna.

Teuing kumaha mimitina, pangna carita nyambung dina radio sok disebut dongeng Sunda. Apan ceuk kamus LBSS oge, anu disebut dongeng mah (lolobana) carita anu pamohalan kajadian. Upamana bae, dongeng Sakadang Monyet jeung Sakadang Kuya, dongeng Si Kabayan, Sasakala Tangkuban Parahu, jeung rea-rea deui. Bisa jadi, pangna disebut dongeng teh, carita nyambung dina radio kaasup sastra lisan. Henteu unggal jelema bisa maca naskahna. Naskahna paranjang, aya nu nepi ka rebuan lambar. Langka anu dicitak jadi buku, lolobana mah hasil ketikan bae, ukur sababaraha eksemplar deuih.

Masarakat pilemburan mah geus biasa nyebut dongeng kana carita nyambung dina radio teh. Atuh dina ieu tulisan oge, urang sebut bae dongeng Sunda. Upama nu geus dibukukeun, urang sebut bae roman panjang.

Beda jeung karya sastra Sunda sejenna, dongeng dina radio mah henteu pati diadu-renyomkeun. Henteu sakabeh kritikus sastra apaleun, kumaha kaayaan dongeng Sunda ayeuna. Henteu kawas carpon atawa sajak, meh unggal sastrawan nalungtik kamekaranana. Malah dina diskusi sastra, anu dipadungdengkeun sabudeureun karya sastra nu geus “ilahar”; novel, roman, carpon, sajak jeung dangding. Tara kasabit-sabit perkara dongeng Sunda mah.

Bisa jadi, lantaran dongeng Sunda mah beda deui komunitasna. Ukur masarakat pilemburan bae anu ngabandunganana teh, kitu oge lolobana generasi nu geus kolot. Hartina, “konsumenna” urang pasisian bae, anu henteu apaleun naha dongeng teh karya sastra atawa lain. Tara ieuh masualkeun pangarangna, tema carita, guluyurna carita jeung sajabana. Nu penting mah rame jeung matak panasaran.

Carita dina dongeng, ngaharib-harib kana novel. Strukturna oge sarua jeung novel; aya tokoh-tokohna, puguh setting-na, alur atawa plot, kaasup klimaks jeung anti-klimaks.  Lantaran alur caritana panjang, tokohna oge lain hiji-dua. Malah nepi ka puluhan urang.

Sakabeh naskah dina dongeng Sunda, make gaya realismeu, konvensional, malah aya nu ngadeukeutan kana sastra klasik. Sareretan mah, bet asa mindahkeun kahirupan nu sanyatana. Lain ukur dipotretan sajorelatan, tapi ditetek nepi ka bubuk leutikna. Malah keur pangarang dongeng mah, panalungtikan kana hiji kajadian teh kudu enya-enya. Hartina, lain saukur ngumbar imajinasi, tapi dieuyeuban ku data jeung pakta.

Jejer carita dina dongeng Sunda, lolobana  mah kahirupan di pilemburan. Malah loba anu nyokot kasangtukang kahirupan masarakat Sunda jaman beh ditu. Basa jaman keneh para “jawara”, boh anu hubunganana jeung mangsa penjajahan, boh carita anu ngaharib-harib pilem “laga”. Dina lalakon para jawara, anu dicaritakeun teh dunya kadugalan. Di dinya aya tokoh anu dianggap pahlawan, bebela ka rahayat, tapi boga kasaktian luar biasa. Aya tokoh utama, aya tokoh antagonis. Biasana, tokoh utama jeung antagonis boga pangabisa nu ampir saimbang. Tapi dina pamustunganana mah, tokoh utama sok pinanggih bagja, bisa ngahontal cita-citana. Najan sakapeung mah, carita silat dina dongeng Sunda, kawas nu kapangaruhan ku carita-carita silat anu datangna ti Cina.

Dongeng Sunda dina carita silat anu  kungsi sohor teh Si Rawing karangan Yat R. Dibacakeunana ku Wa Kepoh deuih, puguh bae matak jadi kacapangan balarea. Si Rawing beunang disebutkeun dongeng super panjang. Eta we, dibacakeunana oge nepi ka sataun leuwih. Dina eta carita, Si Rawing teh tokoh silat anu resep heureuy, kalakuanana sakapeung mah siga nu owah. Tapi boga pangabisa nu luar biasa. Si Rawing asa ngaharib-harib kana tokoh Wiro Sableng beunang Bastian Tito. Malah ku suksesna Si Rawing, nepi ka dipilemkeun sagala rupa. Dongeng silat sejenna anu kungsi “rame” dina radio teh di antarana Si Buntung Jago Tutugan, Nyi Ganting (Ahmad Afandi Asgar), Si Bongkok,  jeung rea-rea deui.

Aya deui carita anu nyokot kasangtukang sajarah jeung tina carita pantun. Pantun Ogin Amarsakti, lalakon budak anu dipiceun tea, kungsi disadur kana dongeng Sunda. Kitu deui dongeng Sangkuriang jeung Lutung Kasarung. Malah anyar keneh, Aan Merdeka Permana, pangarang anu ayeuna redaktur koran Galura, nyieun dongeng Silalatu Gunung Salak, anu dibacakeun ku Wa Kepoh.

Euyeub pisan kasangtukang carita dina dongeng Sunda teh. Geus karuhan carita kahirupan sapopoe mah, henteu kaitung jumlahna. Dalah anu enya-enya ngayakeun panalungtikan oge, teu kurang-kurang. Upamana bae, nyokot kasangtukang jaman kolonial Walanda. Nyaritakeun kumaha kejemna kaom penjajah mangsa harita.

Di antara para pangarang dongeng mah, kakara Ahmad Afandi Asgar (AA) anu karanganana sari-sari jurnalis teh. Lebah dieu, memeh prak ngarang teh katembong AA ngayakeun heula panalungtikan. Lain saukur ngimpleng ngumbar imajinasi. Tina kituna, karasa pisan naskah-naskahna teh aya “nyawaan”. Beunang disebutkeun punjul ti pangarang dongeng sejenna. AA pinter pisan palebah ngolah campuhna rasa Si Tokoh, palebah nyaritakeun kajadian nu matak ketir.

Lolobana, naskah beunang AA didongengkeun ku Wa Kepoh, Si Raja Dongeng tea. Dibekelan ku pangaweruh kana basa Sunda nu beunghar pisan, AA bisa ngahudangkeun rasa nu ngadengekeun dongeng. Boh dina waktuna sedih, boh dina waktuna bungah.

Dina Romusha upamana, dongeng panjang anu nyokot kasangtukang mangsa penjajahan Jepang, AA mani persis pisan nyaritakeun kahirupan mangsa harita. Dina henteu ngalamanana oge, paling copel AA macaan heula buku ngeunaan para romusha. Istilah-istilah dina basa Jepang, milu diasupkeun kana ieu carita. Katembongna, AA mere kayakinan, yen anu dicaritakeunana teh enya-enya kajadian. Lain ukur dongeng. Malah apan AA mah lampar pisan, nyaritakeun kaayaan di nagara Birma sagala rupa, tempat dibuangna para romusha.

Basa Sundana alus, merenah, beunghar naker ku idiom. AA tapis pisan nyaritakeun tokoh Sukma, lalaki goreng patut anu jadi pahlawan dina ieu carita. Kumaha diganggayongna Si Tokoh, disiksa, dipitenah, nepi ka ngalaman kajadian nu matak ngangres. Hal-hal anu “manusiawi”, ditembrakkeun bari henteu karasa dijieun-jieun. Sukma, lalaki goreng patut, kabiruyungan kawin ka Anis, mojang geulis rancunit bentangna lembur Panagan. Kumaha peurihna hate Mang Sura, babaturan Sukma anu saumur-umur jadi bujang kolot, henteu pernah kawin. Anis deuih, anu bisa ngajaga kapengkuhanana, sajeroning ditinggalkeun ku Sukma anu jadi romusha. Anis anu mangbulan-bulan babarengan jeung Mang Sura, ampir-ampiran ngudaran kahormatanana.

Romusha mah carita anu pinuh ku rupa-rupa rasa, rupa-rupa kajadian. Dipitenah, terus katalangsara, pamustunganana “balas dendam”. Asa nyeueung carita Monte Christo, beunang Alexander Dumas tea.

Lain ukur Romusha, dongeng beunang AA anu beunang disebutkeun punjul teh. Aya deui carita anu nyokot kasangtukang pulo napi Nusakambangan. Ahmad, dina ieu carita, dipitenah nepi ka dibuang ka Nusakambangan. AA imeut pisan nyieun deskripsi tempatna hotel perdeo teh. Kaasup kalakuan manusa anu henteu ilahar. Juragan Durga, patugas di ieu pulo, bet resepeun ka lalaki (homoseks?). Bisa jadi lantaran di eta pulo mah langka awewe. Ahmad anu terus kakaburan jeung baturna (Si Joglo), nepi ka kudu ngojay meuntas sagara. Sukuna buntung disamber lauk hiu. Palebah kakaburanana mah, breh bae asa nyeueung pilem Joni Indo.

Aya deui dongeng beunang AA teh, anu nyaritakeun panalungtikan para mahasiswa kedokteran ka hiji tempat anu masarakatna katarajang kasakit kusta. Dongeng nu ieu mah (poho deui judulna) asa ngaharib-harib kana carita detektif. Imah geueuman, sora nu aneh, nepi ka munculna tokoh anu muhit ka dedemit. Konflik antara tokoh nu pabentar (murid ajengan jeung nu muhit dedemit),  dicaritakeunana henteu nerag, bangun ngahaja sina matak panasaran.

*

Carita dina dongeng Sunda oge aya nu ngamangpaatkeun mitos. Tradisi jeung adat tali-paranti masarakat Sunda jaman beh ditu, diungkab deui dina racikan lalakon. Ka dituna, aya nu memper kana kapercayaan sabagean masarakat kana hal-hal supranatural. Anu ceuk sawareh mah sok disebut tahayul tea; upamana bae carita ngeunaan jurig, nagara siluman, nagara jin, atawa tempat-tempat anu dianggap sanget.

Dina sastra tulisan oge,  aya pangarang anu sok nyaritakeun alam gaib teh. Kawas Moh. Ambri dina “Munjung”, atawa puriding-puringkakna Ki Umbara, sastrawan senior anu mindeng pisan nulis carita “jurig”. 

Di Sumedang, aya pangarang dongeng, Ki Leuksa ngaran sandi asmana. Spesialis carita jurig. Meh sakabeh dongengna, loba nyaritakeun kahirupan manusa anu dipatalikeun jeung alam lelembutan. Geus aya puluhna, boa ngaratus, naskah dongeng anu ditulisna teh. Naskah-naskah dongengna kungsi dibacakeun ku Mang Bahar ti radio Jussan Sumedang, Mang Engkos ti radio Duta (ayeuna radio Citra), malah anu ku Wa Kepoh oge aya. 

Minangka carita panglipur mah, dongeng-dongeng beunang Ki Leuksa beunang disebutkeun onjoy. Lolobana nyaritakeun kahirupan masarakat pilemburan. Ti taun 2000 nepi ka ayeuna, dongeng Ki Leuksa sok kadenge dibacakeun ku Arman Wijaya ti radio Daya Swara Sumedang.

Kamekaran dongeng Sunda, beunang disebutkeun aya usumna. Kabehdieunakeun geus mimiti melempem. Ukur sababaraha radio bae, anu masih keneh leukeun midangkeun acara dongeng Sunda teh. Mimiti taun 1980 nepi ka awal 1990-an mah, beunang disebutkeun haneuteun. Meh saban radio di tatar Jawa Barat, sok aya bae acara dongeng Sunda. Malah apan tina dongeng Sunda, Wa Kepoh nepi ka dikontrak ku PT. Supra Perbindo Parma, jadi sponsor tunggal dina acara dongeng.

Dongeng Sunda apan ukur ngamangpaatkeun media radio, sangkan nepi ka masarakat teh. Ku naskah anu kacida panjangna tea, asa pamohalan dimuat dina media massa citak mah. Pikeun para sponsor, dongeng Sunda teh beunang disebutkeun “jurus ampuh” pikeun promosi produkna. Harita mah apan tacan aya televisi swasta, atuh masarakat anu ngadengekeun dongeng oge loba keneh.

Bisa jadi, hirup-huripna dongeng Sunda dina radio mah henteu beda jeung sinetron dina televisi. Upama aya sponsor, nya meureun bisa sukses. Sacara materi aya buruhna keur nu ngadongeng jeung nyieun naskahna. Tapi apan henteu sakabeh pausahaan “ngareret” kana acara dongeng. Komo nilik situasi ayeuna, masarakat geus mimiti pindah pangaresep kana televisi. Hartina, dongeng Sunda tanpa sponsor, ukur ngabeberah bari euweuh buruh.

Nasib dongeng Sunda kiwari, geus mimiti “kritis”. Padahal radio teh minangka media pikeun nepikeun karya sastra lisan. Kaasup anu kungsi dilalanyah ku RRI Bandung taun 1990-an, basa aya acara maca carita pondok dina radio.

Pasualanana balik deui kana sponsor tea. Lantaran euweuh sponsor, jadi terus melempem, malah ampir-ampiran pareum. Kaayaan sarupa kieu teh, bisa mangaruhan kana kreatifitas pangarang dongeng. Keur naon cape ngetik nepi ka ratusan atawa rebuan lambar, ari euweuh buruhna mah. Biheung kagantian jinis urut meuli keretas oge.

Padahal dina urusan kreatifitas mah, pangarang dongeng teh beunang disebutkeun aya unggulna. Ceuk Maman Ma’ruf (almarhum) pangarang carpon anu sok rajeun ngarang dongeng ongkoh, nyieun naskah sajudul teh, lamun dikeureuyeuh saban peuting, sok nepi ka sabulan lilana. Jumlahna paling saeutik 300 lambar, dina keretas polio, diketik 1 spasi. Sanggeus ngajanggelek jadi naskah, ku pihak radio ukur dihargaan Rp. 30.000,- (taun 1992). Eta oge bisa cenah dijual “gelempeng”, hargana nepi ka saratus rebu. Tapi ironisna, hak cipta nu ngarang leungit, bisa diganti ku nu meuli naskah.

Aya pangarang dongeng (kurang merenah upama disebutkeun ngaranna mah) anu hirupna ukur tina nyieun naskah dongeng. Imahna ngagowok leutik. Sapopoena nerektek ngetik, nyieunan naskah jualeun ka radio. Hasilna dipake keur hirup sapopoe, ngabayuan anak pamajikan.

Keur pangarang roman panjang taun 60-70-an,  beunang disebutkeun hade keneh milik. Naskahna bisa dikirimkeun ka penerbit, dicitak jadi buku anu diserikeun. Pangarang anu remen nyieun roman panjang teh di antarana Wahyu Adam (Ganjaran Ka Nu Sabar), Tatang KS (Sumerah Pinanggih Bagja, Ganjaran Hutang Kanyeri, Si Rawing Jago Ti Pakidulan, jrrd), Ki Masram (Tanteu Nonih, Kuburan Beureum ku Getih, Nu Kawin Ngarurub Mayit, jrrd). Roman panjang anu geus dibukukeun teh, loba nu dibacakeun deui dina radio. Di antarana Tanteu Nonih anu nyaritakeun kahirupan hostes.

Harita mah deuih, renung penerbit anu mere lolongkrang keur pangarang roman panjang teh. Di antarana penerbit Tarate, Armico, Budi Asih, Wargina, jeung sajabana. 

*

Dina  kamekaranana, dongeng Sunda kungsi jadi kacapangan masarakat pilemburan. Malah bangun anu hanjelu, lamun henteu ngabandungan teh. Teu beda jeung ngahanca sinetron atawa telenovela. Bisa jadi, tina ngadengekeun dongeng teh, kabeungharan basa Sunda hususna pikeun barudak jadi nambahan. Lain saukur ngabandungan lalakon nu matak pogot. Leuwihna ti kitu, aya atikan moral anu deukeut jeung budaya Sunda. Sabab dina seuhseuhanana mah, carita dongeng oge mere ajen-inajen kamanusaan, tina perkara salah jeung bener. Malah dina bubukana, anu rek ngadongeng sok nyarita : “Nu saena picontoeun, nu awonna pieunteungeun.”

Dongeng Sunda oge bisa dimangpaatkeun pikeun media atikan.  Da apan dina enas-enasna mah, pangarang ngajak kana bebeneran, tumut tuhu kana ajaran agama (Islam).

Atuh pikeun pangarangna, meujeuhna dibageakeun. Sumangetna, kreatifitasna, meujeuhna diajenan. Sabab karah kumaha oge, naskah dongeng Sunda (najan henteu dibukukeun) milu ngabeungharan hasanah sastra Sunda. Najan salila ieu mah, “eksistensina” arang pisan diadu-renyomkeun.

Tapi ketang, boa ayeuna mah geus euweuh nu daekeun, pangarang anu nulis naskah nepi ka 1000 lambar kawas naskah dongeng Sunda!

Cag!***


Wawangsalan

Februari 17, 2011

Wawangsalan teh cabang tina sisindiran, mangrupa omongan nu diwangun ku dua padalisan, cangkangna jeung eusina. Mun teu di barengan ku eusina, omongan wawangsalan teh tampolahna mah kawas tatarucingan.

Saperti: “Kembang bodas buah bunder………………………………………” Naon eusina? Pikeun mukakeun eusina kudu di teangan asalna. Naon ari kembang rupana bodas bangunna buah bunder? Ana di teguh hartina jeruk! Kecap jeruk di cokot engangna nu kadua, ruk, ieu teh keur nyieun kecap ngaheruk. Kapanggih eusina “ngaheruk nya pikiran”.

Jadi kecap asalna the “jeruk”, ieu sok di sebut wangsal. Numatak omongan sarupa kitu sok di sebut wawangsalan (Aya oge sawareh ahli basa jeung sastra nu nerangkeun ku jalan sejen; bisa bae, keur nambahan katerangan, malar leuwih eces).

1.  Wawangsalan Lanjaran

Wawangsalan Lanjaran teh nya eta nu di wangun ku dua padalisan disajajarkeun. Padalisan ti heula cangkangna, ari padalisan nu pandeuri eusina atawa maksudna.

Ieu di handap berendelanana wawangsalan lanjaran beunang ngumpulkeun, nyutat tina buku-buku heubeul jeung anyar beubeunangan para ahli basa jeung sastra, jeung nu kadenge tina tembang jurusinden, panayagan jeung sajabana (didieu di terangkeun kecap-kecap asalna atawa wangsalna diciran ku dikurung).

Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma).

  1. Abdi mah kapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin).
  2. Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah piker (pengis).
  3. Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu).
  4. Aya nu dianjing cai, aya nu di heroan (sero).
  5. Balandongan ngujur jalan, sok haying los bae indit (elos).
  6. Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik).
  7. Beas di tutuan deui, iraha bias pateupung ( tipung).
  8. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi (oray).
  9. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta).
  10. Bentang baranang di imah, samara bias tepang deui (damar).
  11. Beulit cingir simpay tangan, salami hamo lali (ali).
  12. Beunyik leutik sim kuring mah, ari ras sok cimataan (amismata).
  13. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan ka harti (roti).
  14. Bilangan Jawa nu tujuh, abdimah somah pituin (pitu).
  15. Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (halis).
  16. Buntut jarum pangaputan, bati kelar teuing piker (kukular).
  17. Cakcak gede kadal bilik, ulah di pake mokaha (toke).
  18. Careuh beureum paswahan, tur dusun leuwih ti isti (lasun).
  19. Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu).
  20. Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak).
  21. Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay).
  22. Cinyusu kentel di masak, ulah tega-tega teuing (mantega)
  23. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdimah alim (elim).
  24. Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas)
  25. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok).
  26. Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray).
  27. Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet kana ati (serendet).
  28. Engkang the ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (lamun).
  29. Estu di palupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik)
  30. Gagang atah keur lumayung, angkang jelema ginding (gumading).
  31. Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara).
  32. Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
  33. Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binagkit (rumah sakit)
  34. Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip)
  35. Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeuri ati (meri).
  36. Hayam sawah dipiara, abong ka nu apes diri (meri).
  37. Jagong tuhur meunang ngunun, dunungan bagea sumping (emping).
  38. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara)
  39. Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih)
  40. Kacang panjang di sayuran, bati ngageremet ati ( kacang gamet)
  41. Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat)
  42. Kadeleu langgir caina, kayap-keyep anu geulis (keuyeup)
  43. Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (cocodot)
  44. Kararas daun kalapa, teu aya anu ngabrangbrangkeun (barangbang)
  45. Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih)
  46. Kembang biru munggeng kubur, mugu engkang welas asih (solasih)
  47. Kembangbodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
  48. Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
  49. Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (korang)
  50. Kuring the kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang)
  51. Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima (tuma)
  52. Laleur hideung panyeureudan, kilang bara urang jadi (bangbara)
  53. Lampu tilu dammar dua, moal ngarancabang piker (lampu cabang)
  54. Langir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna (keuyeup)
  55. Lauk panjang dina parung, ari emut merod piker (berod)
  56. Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut)
  57. Manuk hawuk beureum suku, katinggal keur imut leutik (galatik)
  58. Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi)
  59. Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh)
  60. Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran)
  61. Mencek leutik saba alas, abdi sangem ngarencangan (peucang)
  62. Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing)
  63. Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung)
  64. Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (surabi)
  65. Mun yaktos mangsi Malayu, anjen the cinta ka kuring (tinta)
  66. Ngan bati ngajahe-leuweung, nya piker puyang payengan (lampuyang
  67. Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting)
  68. Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir sampir (tampir)
  69. Panday bedog Darmaraja, abdimah walurat miskin (sekin)
  70. Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap)
  71. Peso pangot ninggang lontar, acan ka tuliskeun diri (tulis)
  72. Peso petok kewung tungtung, haying ka pianjang teuing (kujang)
  73. Peteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir)
  74. Pring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas)
  75. Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina)
  76. Puter putih saba lembur, engkan seja bela pati (japati)
  77. Rebab jangkung di Pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa)
  78. Reregan sabuder imah, kasangsara siang wengi (kasang)
  79. Ruas awi di rorekan, piker asa selang seling (suling)
  80. Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
  81. Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa num anis (lele)
  82. Statsion jawa kidul, abdi rumaos the teuing (maos)
  83. Sieun teu kapancar kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung)
  84. Sieun teu ka untun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa)
  85. Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ka abdi (papatong)
  86. Sok haying ka panar panday, kaparengkeun kunu geulis (areng)
  87. Sok matak ka piring leutik, matak isin diri kuring (pisin)
  88. Sok matak nggender kayu, matak bimbang pipikiran (gambang)
  89. Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk ci panon bijil (curuluk)
  90. Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih)
  91. Tanah Mekah tempat waluh, sok abong ka jalma laip(Thaif)
  92. Tangkal pare parumpungan, kudu ka pada utami (jarami)
  93. Teu beunang di hurang sawah, teu beunang di pika meumeut (simeut)
  94. Teu beunang di jambe-hapa, teu beunang di gomeng-gomeng (koneng = jambe hapa)
  95. Teu beunang di kehkel-poleng, teu beunang di bangbalerkeun (jeler)
  96. Teu beunang di opak kembung, teu beunang di entong-entong (kolontong)
  97. Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikanyaah (hayam)
  98. Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon)
  99. Teu beunang di situ lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah)
  100. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
  101. Teu beunang di tihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun (deuleu)
  102. Teu beunang di tiwu leuweung, teu beunang dipikasono (kaso)
  103. Teu beunang di waru leuweung, teu beunang diboro-boro (bisoro)
  104. Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)
  105. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik (tetengek)
  106. Ulen ketan di kincaan, abdimah turunan kuli (gulali)
  107. Untun tipung tambang beas, iraha laksana diri (laksa)
  108. Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai (urang Ambon)

 

2.  Wawangsalan Dangding

Wawangsalan oge aya nu winangun dangding mangrupa guguritan, disebutna wawangsalan-dangding. Susunanana wawangsalan dina guguritan teh aya sababaraha rupa, saperti nu kapintonkeun di handap (kecap-kecap nu dikurung nuduhkeun asalna atawa wangsalna).

(1)    Eusina aya dina padalisan nu pandeurianana:

Kinanti:

Walanda hideung soldadu,

umambon engkang ka eulis          (urang Ambon)

kalong cilik saba gedang,

sumedot rasaning ati                    (cocodot)

belut sisit saba darat,

kapiraray siang wengi                  (oray)

 

(2)   Cangkang jeung eusina aya dina sapadalisan :

Dangdanggula

Sampan gede kapalang geus janji,       (kapal)

munding belang sapisaur juag,             (sapi)

cai kimpel estu sae,                             (es)

hapur Jawa panuju,                             (panu)

untun tipung laksana diri,                     (laksa)

petis Cina capena,                              (kecap)

imah hawu lipur,                                 (dapur)

lapis kaca rasa engkang,                     (rasa)

kutu simbut tumarima lahir batin,         (tuma)

wadah obat geus punah                      (pun)

 

(3)   Paparikan jeung wawangsalan disapadakeun:

Sinom :

Kalintung jalan ka Lembang,

ka Lembang ka Sukasari,

kaduhung kuring ka gembang,

kagembang kunu kamari,

kacang nub under siki,

nya piker bati melenguk,                     (benguk)

kacang nu gegebengan,

sugan darajatna diri,                           (jaat)

lebu badag pinareng aya duriat.          (areng)

Tambahna

Wawangsalan teh mindeng kapakena sok dina tembang Sunda (Cianjuran jsb), nu tangtu wangunanana mangrupa guguritan pupuh nu ilaharna disebut KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula). Pikeun nambahan conto-contona, ieu dihandap ka pintonkeun susunan wawangsalan dina opat rupa pupuh :

Kinanti

Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani, kalong leutik saba gedang, bawaning sumedot pikir, kembang biru di astana, abot pisah jeung nu asih.

Sinom

Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit, kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati, bale direka masjid, mun emut bati rumanjug, tegal tengah nagara, laun-laun sugan hasil, kadal gede pareng alus bagja awak.

Asmarandana

Simpay rema beulit cingir, ulah lali mun geus angkat, mugi emut sabat waktos, pangcalikan tonggong kuda, ka nu tuhu bumela, ulah matak gender kayu, matak bingbang pipikiran.

Dangdanggula

Pere leuweung saha nu teu peurih, tawon hideung asa di sangsara, hampas minyak dibobodo, hanas abdi satuhu, nanging agan tuang janari, teu puguh sasauran, sok gedang Malayu, jalir tur cindra subaya, beubeur cangkeng balung kabulen ku daging, buktina luncat mulang.

(Dicutat tina buku “Kandaga Kasusastraan Sunda” beunang M.A. Salmun. Bandung – Jakarta 1958, kaca 55).***


Jauh ka Bedug

September 23, 2010

BEDUG mah geus papada terang. Sabangsaning dogdog, ngan ukuranana leuwih gedé. Diteundeunna di tajug atawa di masigit. Sok dipaké ngiberan waktu solat, ngabéjaan datangna bulan puasa, atawa ditabeuh sapeupeuting dina maleman lebaran. Baheula mah cenah bedug téh ngan aya di kota kacamatan atawa kawadanaan, da di pilemburan mah can aya masigit. Atuh nu nakolna gé teu sagawayah deuih, aya tukangna, merebot téa.

Ka dieunakeun, saprak aya sepéker toa, bedug téh langka dipaké, pangpangna di kota. Paling raména téh mun maleman lebaran, dipaké mirig nu keur takbiran. Komo apan ayeuna mah, henteu sakur masigit bogaeun bedug.

Bedug téh kungsi deukeut jeung hirup-kumbuh balaréa, sahenteuna dipaké keur nuduhkeun waktu. Bedug lohor, upamana, pikeun nuduhkeun wanci tengah poé. Bulan puasa, apan nu sok ditarungguan téh bedug magrib, minangka tangara waktuna buka puasa. Aya deui istilah “ngabedug”, buburuh digawé nu waktuna ngan nepi ka wanci lohor.

Ari paribasa “ngomong sabedug sakali” sok dipaké ngagambarkeun jalma nu carang takol, langka nyarita. Aya deui “jauh ka bedug anggang ka dulag”, sebutan keur jalma dusun urang kampung nu dianggap taya kanyaho.

Lian ti “jauh ka bedug”, dina basa Sunda aya sawatara idiom jeung paribasa nu ngagambarkeun kateunyaho jeung karipuh urang lembur. Upamana, aya istilah “urang kampung bau lisung”, “jalma dusun meledug”, “bulu taneuh”, “kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran”, “kokoro nyoso malarat rosa”, jsté. Malah remen pisan urang lembur jadi objék nu dipaké bahan guguyon, diseungseurikeun lantaran boloho jeung taya kanyaho. Geura wé, dina pilem atawa sinétron, urang Sunda (nu ti pilemburan) statusna téh tara leuwih ti bujang atawa babu, dibarengan ku paripolahna nu ngagambarkeun jalma “jauh ka bedug” téa.

Ngabéda-bédakeun jalma dumasar kana bodo-pinter, sangsara-beunghar, apan geus aya ti baheulana. Jaman cacah-ménak, nembrak pisan bédana status sosial téh, lain baé tina paripolah, tapi tina basa deuih. Cék nu teu satuju kana undak-usuk basa, apan di antara alesanana téh lantaran undak-usuk ngabéda-bédakeun kalungguhan sosial.

Dina hirup-kumbuh, ningkatkeun kalungguhan sosial téh sok dipaké udagan, bisa jadi sangkan henteu disebut “jauh ka bedug” teuing. Pan aya istilah “geus jadi jelema”, nu hartina geus boga harkat atawa meunang darajat dina kahirupanana. Tapi jalma nu ngarasa “geus jadi jelema” téh sakapeung sok nganggap dirina geus aya di luareun kahirupan saméméhna. Teu kurang-kurang urang lembur nu boga milik terus jeneng di kota. Manéhna pamohalan daék disebut “urang kampung bau lisung”, da ngarasa geus béda kalungguhan téa.

Dina basa mah, sual diskriminasi téh mémang geus lumbrah. Mun aya nu “beurat beunghar”, aya deui “kokoro nyoso”. Tapi dina kahirupan sapopoé gé diskriminasi téh nembrak pisan deuih, pangpangna keur méré wates nu “nyaho” jeung “teu nyaho”, atawa nu “boga” jeung “teu boga”. Ajaran Islam mahing pisan ngabéda-bédakeun jalma maké ukuran status sosial téh.

Mun maké harti saujratna, sigana istilah “jauh ka bedug” téh ayeuna mah geus kurang merenah. Baheula bedug téh ngan aya di kota, ari ayeuna mah sabalikna. Da asa tara kaparengkeun di kota ngadéngé sora bedug lohor. Dina aya jugrugna gé, boa ngan dipaké papaés wungkul. Ari di lembur, di sawatara masjid, bedug téh dipaké kénéh.

“Jauh ka bedug”, boa ayeuna mah leuwih merenah keur ngagambarkeun jalma nu tara daék indit ka masjid, atawa nu kalékéd ngalaksanakeun ibadah. Ari bulan puasa téh kasempetan keur umat Islam ngaronjatkeun ibadah jeung amalan, da puguh bulan nu pinuh ku barokah. Kasempetan deuih ngarah leuwih “deukeut ka bedug”.***


Heureuy Sunda

September 21, 2010

CENAH urang Sunda mah teu bisa leupas tina heureuy, sabab eta teh geus jadi sakulit sadaging. Lain urang Sunda mun teu bisa heureuy. Di mana wae, dina kasempetan kumaha wae, pasti aya heureuyna. Nepi ka ayeuna kuring teu nyaho, ku naon pangna kitu.

Dina dunya lawak nasional, pangaruh heureuy Sunda teu bisa dilalaworakeun. Sebut wae upamana grup lawak de Bodor (Abah Us us saparakanca) atawa de Kabayan (Kang Ibing saparakanca). Maranehanana bisa disebut panaratas dina ngawanohkeun kasundaan sacara nasional. Mun teu salah, De Kabayan lahir tina acara bobodoran di radio Mara Bandung. Malah nepi ka kiwari, Kang Ibing jeung Aom Kusman, dua di antara personil De Kabayan, masih pirajeunan siaran di Radio Mara.

Taun 90-an, grup bodor Sunda kungsi nyirorot pamorna, kasilih ku Srimulat, bobodoran dina nuansa Jawa. Mahabu malah, nepi ka acara-acara bodor atawa lawak dina TV didominasi ku Srimulat atawa para anggotana sacara pribadi.

Basa Srimulat mimiti nyirorot pamorna, grup bodor Sunda nguniang deui. Upamana bae grup P Project, nu sanajan ngaranna make basa Inggris, tapi bobodoranana tetep nyoko dina bobodoran Sunda nuansa modern. Idiom-idiom Sunda mimiti akrab dina pentas bodor nasional. Grup anu tadina dingaranan Padhyangan ieu oge asalna tina acara bobodoran di radio Oz Bandung, Ozerba. Personilna campuran mahasiswa Unpad jeung Unpar. Sering manggung di kampus kampus di Bandung. Awal karir nasionalna dimimitian basa dikontrak ku SCTV. Ti dinya ngaran Iszur, Denny Chandra, jeung Joe saparakanca geus jadi sabiwir hiji. Nya kelompok ieu pisan nu mimiti ngagarap bodor sacara daria. Maranehanana ngabogaan sababaraha divisi pikeun ngagarap ilustrasi musik, sound effect, kostum, naskah jsb.

Kabehdieunakeun aya acara Extravaganza di Trans TV. Pamaenna didominasi ku urang Sunda. Beda ti kalolobaanana grup lawak saperti Srimulat upamana, extravaganza ngandelkeun script tur teu kaci loba teuing improvisasi. Ku sabab loba urang Sundana, grup atawa acara ieu oge karasa pisan nuansa Sundana.

Basa TPI ngayakeun Lomba Lawak API (Audisi Pelawak Indonesia), loba grup lawak asal Bandung (baca: Sunda) nu katembong potensina. Malah juarana ge ti Bandung, SOS. Nu kaitung nyongcolang ti grup SOS, aya personilna nu alus ngawih Sundana, Sule. Ngadenge gelak-gelikna Sule nembang Sunda, kuring jadi inget ka Mang Ukok jeung Mang Utun ti Jenaka Sunda (mun teu salah). Jaman kiwari geus arang pisan budak ngora nu mibanda kamampuh saperti Sule. Lian ti eta, aya Oni anu ti rupa nepi ka rengkak paripolahna nyeples Kang Ibing.

Mun nengetan hal-hal anu ditataan di luhur, asa teu salah mun urang ngarasa reueus. Urang Sunda, leupas tina sagala kahengkeranana, tetep mibanda potensi anu teu bisa dilalaworakeun. Buktina maranehanan bisa kitu teh salah sahujuna ku sabab teu era ngasongkeun konsep anu nyoko dina ajeg-ajeg kasundaan. Idiom idiom ekspresi kasundaan nu dikahareupkeun ku maranehanana tetela geus jadi ciri nu mandiri, tur dipikaresep lain ku urang Sunda wungkul.

Lamun dina dunya hiburan (dina hal ieu: lawak) urang Sunda bisa nembongkeun ‘sihung’, asa piraku mun dina ambahan sejen urang teu bisa kitu. Nu penting kudu aya kasadaran ti urang salaku urang Sunda, ulah nepi ka era nembongkeun jatidiri kasundaan. Tong era ngaku urang Sunda, tong era nyarita ku basa Sunda, tong era nembongkeun yen urang mibanda jatidiri kasundaan.

Mun urang boga budak, ajak nyarita ku basa Sunda, wawuhkeun kana budaya Sunda. Ulah ngarasa reueus mun anak urang palahak-polohok teu ngarti basana sorangan: Basa Sunda. Kudu hariwang mun anak urang kerung ngadenge kacapi suling. Atik maranehanana sangkan ngimpi ge mun bisa mah ku basa Sunda. Ulah ngan ukur nyalahkeun pangaruh budaya deungeun nu mahabu bari jeung euweuh tarekah ti urang pribadi pikeun ngadadasaran kulawarga sangkan panceg dina ajeg-ajeg kasundaan. Mun kabeh urang Sunda boga niat ngamumule budaya Sunda tur ngamimitian jeung prakna di lingkungan kulawargana, insya Alloh urang Sunda teh moal pareumeun obor. Mudah-mudahan.***


Kidung Basa Indung

Juli 22, 2010

Kénging Étti R.S.

Bismillah nyanggakeun kidung
‘na hariring tepiswiring
dina tembang banjar karang
rumpaka rajah talari
pangrajah ngarumat basa
basa warisan bihari.

Basa warisan luluhur
tegesna paparin Gusti
rawayan pikeun manusa
tah asih eusi bumi
miwanoh papada bangsa
mihéman papada abdi

Basa indung urang jungjung
urang jurung manjang manjing
urang raksa dina nyata
ngajirim ‘na tata titi
ngawujud ‘na paripolah
ngawaris ka seuweu siwi

Basa indung masing nanjung
muga mekar hirup hurip
hirup ‘na mangsa ayeuna
hurip ‘na mangsa kiwari
waluya dugi ka jaga
walagri saumur bumi

Amin ya Alloh Nu Agung
Hurip abdi waras nagri.***


Maung Lodaya

Mei 2, 2010

Lodaya atawa maung lodaya (Panthera tigris) nyaéta mamalia kulawarga Felidae, salah sahiji maung nu asup kana marga Panthera. Sakumaha ilaharna bangsa maung, lodaya téh karnivora.

Lodaya lolobana hirup di leuweung jeung tatar jukut (nu luyu pikeun kamuflasena). Ti antara sadaya ucing badag, ukur lodaya jeung jaguar nu bisaeun ngojay, sakumaha urang biasa manggihan lodaya keur ngojay di situ atawa wahangan. Lodaya ilaharna moro soranganan, ngamangsa utamana hérbivora sedeng kayaning uncal, mencek, jeung bagong. Sigana ukur manusa nu mangrupa prédator lodaya, nu sok moro pikeun ngarah siritna, nu ceuk sakaol, padahal teu bener, mangrupakeun afrodisiak. Alatan ruksak habitatna jeung diboro, populasi lodaya beuki nyirorot nepi ka asup kana daptar spésiés nu kaancam punah. Lodaya mangrupakeun salasahiji sato nu aya dina puncak ranté kadaharan.

Ciri pisik lodaya gumantung kana subspésiésna. Umumna, nu jalu beuratna 150 – 310 kg (330 lb – 680 lb), sedengkeun nu bikang 100 – 160 kg (220 lb – 350 lb). Panjangna, nu jalu 2.6 – 3.3 méter (8’6″ – 10’9″), sedengkeun nu bikang 2.3 – 2.75 méter (7’6″ – 9′). Ti antara subspésiés lodaya nu aya, Lodaya Corbetts téh nu pangleutikna, sedengkeun nu pangbadagna mah Amur.

Warna dasar bulu lodaya nyaéta antara konéng nepi ka semu beureum, kalawan bodas lebah dada, beuheung, jeung sela suku. Varian résésif nu ilahar nyaéta bodas, nu bisa borojol ti campuran nu cocok; bodas ieu lain albino. Lodaya hideung melanistik ogé kungsi kabéjakeun, tapi conto hirupna teu kungsi karékam. Aya ogé lodaya emas (Ing. golden tabby tigers, golden tigers, atawa tabby tigers) nu buluna warna emas nu leuwih caang batan warna lodaya biasa, sedengkeun welangna coklat. Variasi warna ieu jarang pisan, nu ukur aya di panginguan.

Polét lodaya warnana rupa-rupa, ti hawuk nepi ka hideung meles. Bentuk jeung kandelna béda gumantung subspésiésna, ilaharna leuwih ti saratus polét (Lodaya Jawa mibanda polét nu leuwih loba). Pola welang lodaya unik béda di unggal sato, kukituna bisa dipaké pikeun ngabédakeun hiji hijina, sakumaha sidik ramo dipaké pikeun ngabédakeun hiji jalma. Tapi, cara ieu teu dipiresep alatan héséna ngarékam pola welang lodaya liar. Welang ieu kamungkinan penting pikeun kamuflase, supaya lodaya bisa nyumputkeun manéh ti mangsana.

Subspésiés

Lodaya kabagi kana dalapan subspésiés, tilu di antarana geus dianggap lastari, sarta hiji ampir punah. Lodaya (kungsi) hirup di Rusia, Sibéria, Iran, Afganistan, India, Cina, jeung Asia tenggara, kaasup kapuloan Sunda. Di antara nu aya kénéh, nyaéta:

  • Lodaya Bengali (Panthera tigris tigris) kapanggih di sapanjang leuweung jeung tatar jukut Bangladés, Butan, Cina, India, jeung Népal, nu diaku salaku sato nasional ku Bangladés jeung India. Populasi liarna kira 3000 nepi ka 4600, lolobana aya di India jeung Bangladés. Ieu lodaya kiwari keur kadéséh pisan boh alatan ngurangan habitatna jeung diporo; sababaraha resép kadokteran Cina (hususna pikeun nambaan peluh) merlukeun bagian awak lodaya. Project Tiger, hiji proyék konservasi nu medal taun 1972, saeutikna geus bisa ngabantu pikeun ngajaga subspésiés ieu.
  • Lodaya Indocina (Panthera tigris corbetti), ogé disebut lodaya Corbetts, hirup di Kamboja, Cina, Laos, Malaysia, Myanmar, Muangtai, jeung Viétnam. Populasina antara 1200–1800, tapi sigana mah kurang ti sakitu. Populasi panglobana aya di Malaysia, nu ngontrol pamoroanana kalawan ketat, tapi tetep baé populasina kaancam ku fragmentasi habitat jeung inbreeding. Di Viétnam, ampir sapertilu lodaya ditelasan pikeun masok farmasi Cina, sarta pikeun masarakat miskin dianggap salaku sumber upajiwa.
  • Lodaya Sumatra (Panthera tigris sumatrae) ukur aya di pulo Sumatra, Indonésia. Populasi liarna kira ukur 400 – 500, nu utamana aya di lima taman nasional. Uji genetik geus hasil ngagali ayana marka genetik unik, nu nandakeun prosés tumuwuhna spésiés anyar (mun teu kaburu punah). Hasil ieu nunjukkeun pentingna ngaheulakeun konservasi Lodaya Sumatra batan subspésiés séjén. Diranjahna habitat jadi sabab utama ancaman kana kahirupan Lodaya Sumatra (ngabalak leuweung, kaasup di taman nasional), najan kabéjakeun aya 66 nu ditémbak/diboro antara taun 1998 jeung 2000—ampir 20% tina populasi total.
  • Lodaya Sibéria (Panthera tigris altaica), ogé katelah lodaya Amur, Mansuria atawa lodaya Cina Kalér, ampir sagemblengna aya di Rusia wétan nu kiwari dijaga. Kiwari aya kurang ti 400 nu liar, nu sigana populasi-populasina geus teu bisa dipaké sacara genetik, alatan geus lobana inbreeding.
  • Lodaya Cina Kidul (Panthera tigris amoyensis), ogé katelah lodaya Amoy atawa Siamén, subspésiés nu paling kaancam punah, malah nu liar mah ti saprak kapanggih terus ditémbak nepi ka paéhna taun 1994, teu kungsi kawénéhan deui di habitat alamina nepi ka kiwari. Taun 1959, Mao Setung ngumumkeun yén lodaya dianggap hama, sahingga jumlahna nyirorot pisan, ti 4000-an leuwih jadi 200-an taun 1976. Taun 1977 pamaréntah Cina malikkeun undang-undang ieu, sarta nyaram diborona lodaya liar, tapi kawijakan ieu geus telat teuing pikeun nyalametkeun subspésiés ieu. Kiwari, di Cina aya 59 lodaya Cina inguan, nu borojol ukur ti genep indung. Balukarna, karageman genetik nu dipikabutuh pikeun mertahankeun subspésiésna geus teu aya, sahingga kapunahanana geus aya na lawang panto.

Lastari


Smansalingga '82

Media Komunikasi dan Silaturahmi Alumni SMA Negeri I Sumedang Angkatan 1982

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.