Humor keur Urang Sunda (2)


Ceuk kamus Sunda-Melayu R Satjadibrata anu terbit jaman Jepang taun 2604  (ieu mah sigana taun Jepang, mun kana masehi mah meureun antara taun 1944-45, cik aya nu uninga teu kumaha konversina), hartina heureuy nyaeta “loeloetjon”. Lamun diilikan dina KUBS mah heureuy teh hartina banyol, kalakuan pangangguran pikeun karesepan sorangan atawa ngarah gumbira anu nenjo nu ngadenge, ngaheureuyan hartina ngaganggu bari jeung teu niat goreng, ngaheureuykeun hartina ngulinkeun atawa ngabobodo. Lamun diilikan deui dina kamus basa Sunda meunang Budi R Tamsyah aya harti lain keur kecap ngaheureuyan nyaeta ngawerejit.

Hartina Kabayan ceuk KUBS mah 1.tukang ngajaga paseban, 2. tukang ngaladenan dina hahajatan. Aya deui ceuk Ensiklopedi Sunda mah pembantu patih atawa Patinggi dina mangsa karajaan nepi ka mangsa kabupatian dina pamarentahan tradisional nepi ka ahir abad 19 tugasna nyaeta nepikeun paparentah raja atawa bupati ka rahayat, jadi kabayan didieu mah jabatan beda jeung tokoh Si Kabayan.

Heureuy dina harti banyol atawa lulucon,  mindeng kareungeu atawa kabaca diantarana make istilah “keom sakedap” , landong baeud ( ieu aya bukuna anu judulna Landong Baeud  terbit dina taun 1950an), Mangle nyebatna “barakatak”, aya oge anu make istilah 4S (sura seuri siga sero).

R Purbacaraka boga pamanggih yen, banyol, lulucon (humor) anu panghadena, anu luhur ajena nyaeta banyol anu sanggeus urang bisa diajak seuri satuluyna dititah mikir mikiran eusi tina eta lulucon anu tungtungna urang bisa “ngaji diri” bisa ngaragap maneh, nganyahokeun kaayaan diri sorangan.

Dina carita sapopoe Urang Sunda, tukang banyol, tukang heureuy euweuh deui iwal ti Si Kabayan, aya sarjana Walanda nu kungsi nyieun disertasina dina taun 1929 nyaeta Dr Coster Wijsman nyebutkeun euweuh deui nu pangbeungharna disakuliah nusantara ku carita lucu iwal ti di Tatar Sunda anu nyanda kana carita Si Kabayan. Carita Si kabayan kungsi dijieun buku ku CM Pleyte anu judulna Pariboga dina taun 1912, Bale Pustaka kungsi nerbitkeun Si Kabayan dina taun 1932, kabehdieunakeun loba buku anu terbit nu eusina dongeng-dongeng si Kabayan diantarana Min Resmana (Si Kabayan Tapa), Moh Ambri ( Si Kabayan Jadi Dukun), ceuk Ajip Rosidi ieu buku teh saduran tina buku pangarang Perancis Moliere anu judulna La Medicine Malgre Lui).

Salian ti Si Kabayan aya deui tokoh sejen nyaeta Mama Lengser ( sok aya nu nyebut Mamang Lengser, Ua Lengser) dina carita pantun jeung si Cepot dina carita wayang golek. Hartina Lengser ceuk kamus Satjadibrata nyeta jelema kapercayaan raja jaman  baheula, aya deui anu nyebutkeun hartina teh turun, lungsur. Dina carita pantun tingkah paripolah Mama Lengser mindeng ngondang pikaseurieun, boh ucapna boh ringkak paripolahna, malah ku anu ngadarengekeun carita pantun mah bijilna Mama Lengser teh sok didaragoan alatan loba lucuna, kitu deui si Cepot dina carita wayang golek, malah lamun urang lalajo wayang nu dalangna Asep Sunandar Sunarya, porsi bijilna si Cepot teh siga anu dijadikeun kojo boh heureuyna anu ngageuhgeuykeun kaayaan jaman kiwari boh kalakuanana anu kalan-kalan siga anu cunihin.

Peran Mama Lengser dina carita pantun digambarkeunana teh siga anu tetep, umurna geus kolot, awakna bayuhyuh, papakean teu matut, tapi ieu tokoh teh bisa komunikasi jeung Raja kitu deui bisa komunikasi jeung rahayat perana meh sarua jeung si Cepot. Raja bisa disebut nu ngawakilan “alam luhur”, Lengser ngawakilan “alam tengah” jeung rahayat anu disebut “alam bawah”, dina kosmologi urang Sunda aya nu disebut Tri Tangtu, Buana Nyungcung (alam baka, alam para dewa), Buana Pancatengah (medium) jeung Buana Rarang (alam fana, alam manusa). Mama Lengser bisa disebut medium anu ngahubungkeun antara dunya raja jeung rahayatna, anu ngahubungkeun antara karaton jeung masyarakatna, tangtu we inyana kudu bisa kabula kabale, sagala parentah raja ditepikeun ka rahayatna, kitu deui kahayang rahayat ditepikeun ka rajana.

Nu sok jadi bahan gogonjakan Mama Lengser teh wujud kasarna (awakna) ari wujud lemesna (spiritualna) kacida dihargaanana utamana kajujuranana, pituahna, (bandingkeun jeung Semar atawa si Cepot dina carita wayang), matak teu aneh sanajan raja oge sok ngumaha ka Mama Lengser kitu deui rahayat sejena, dina prakna mere pituah teh tara ieuh umangkeuh ieu aing uyah kidul, tapi tetep kalawan handap asor nepi ka anu dibere pituah teh teu ngarasa kaisinan.

Urang Sunda enya resep heureuy resep guyon (humor), tapi heureuyna tara nganyerikeun batur komo bari ngekeak kekurangan batur mah, humorna leuwih nyoko kana “otokritik”, kana kalaipan diri, lamun tea mah aya nu dijadikeun obyek dina humorna malah sok dipikanyaah lain dipikaijid. Ceuk sakaol ieu teh teu leupas tina kaayaan alam Tatar Sunda nu pinuh ku parentul gunung, alam tropis nu kalan-kalan loba musibah alam, gunung bitu, banjir, longsor jste. Sakabeh kajadian alam siga kitu teh teu bisa dilawan ku tanaga manusa, manusa kacida hengkerna dibandingkeun alam anu sakitu rongkahna, tina eta kaayaan manusa Sunda dina nyicinganana kudu harmonis jeung alamna, nya tina ieu kasadaran sakapeung manusa Sunda siga nu ngelehan bae.

Carita tokoh Si Kabayan aya di rahayat Sunda, aya dina folklore masyarakat Sunda, inyana “dipikanyaah” ku masyarakat Sunda sok digambarkeun bodo tapi sakapeung sok digambarkeun pinter, jadi aya sifat paradok dina diri Si Kabayan, atawa bisa jadi aya sifat dualisme primordial. Lamun bodo sok siga anu bodo katotoloyoh (dina carita Si Kabayan ngala tutut), lamun pinter sok bisa ngalingsemkeun batur (dina carita Si Kabayan ngadeupaan lincar), hal ieu bisa dijadikeun pieunteungeun boh keur rahayat boh keur pamingpin, sedengkeun kategori pamingpin kuduna leuwih pinter batan anu dipingpina, harti pinter didieu dina harti kualitas dirina.

Dina campur gaul sapopoe dina mangsa kiwari anu geus campur aduk jeung seler sejen, posisi heureuyna urang Sunda anu tadi geus disebutkeun nyoko kana otokritik can tangtu dipikaharti ku seler sejen, palebah dieu urang Sunda kudu ngaluarkeun jurus kapinteran si Kabayan nyaeta surti kana posisi diri (kualitas), siga heureuy Ungkal bakal kahartieun ku urang Ungkal deui, ku anu ti luar mah can tangtu kahartieun jeung urang Ungkal-na oge dina ngaluarkeun heureuyna teh tara sagawayah. Ari wewengkon Ungkal teh ayana di Kacamatan Conggeang (ayeuna mah geus jadi desa). Tah keur dulur-dulur nu ahli atawa resep kana Antropologi, sok mangga geura pedar perkara “poyok Ungkal”, sabab dina poyok Unggal loba pisan silibna anu bisa jadi banda pituin urang Sumedang.

About these ads

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.

%d bloggers like this: